|
SASTRA SUNDA
SAJAK
Kakawihan, paparikan, jeung wawangsalan gelarna geus heubeul, malah hese dipastikeun iraha gelarna da puguh nyebar ku lisan jadi apal-apalan balare. Ari sajak mah, sajak bebas tea, gelarna beh dieu, dina jaman sanggeus urang merdeka. Eta wangun sajak teh mimitina mah teu ujug ditarima da pajar lain wangunan sastra Sunda. Padahal Kakawihan oge anu wangunanana mah teu beda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda. Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950. Ti taun 1946 keneh geus aya anu nulis dina wangunan sajak. Sajak-sajak teh dimuat dina surat kabar jeung majalah Sipatahunan, Warga Sunda, Kudjang, Mangle, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Giwangkara, Galura, jeung sajabana. Umumna can dibukukeun. Tapi buku kumpulan sajak oge geus aya nu medal, upamana:
Lalaki di Tegal Pati (1963) kumpulan sajak Sayudi
Ombak Laut Kidul (1966) kumpulan sajak Rachmat M. Sas Karana
Jante Arkidam (1967) kumpulan sajak Ajip Rosidi
Surat Kayas (1967) kumpulan sajak Surachman RM
Tepung di Bandung (1972) kumpulan sajak Rachmat M. Sas Karana
Katiga (1975) kumpulan sajak Yayat Hendayana
Nu Ngarongheap (1978). Kumpulan sajak Eddy D Iskandar
Sabelas taun (1978) kumpulan sajak Usep Romli
Jagat Alit (1979 kumpulan sajak Godi Suwarna
Nu mahal ti batan Inten (1980) kumpulan sajak Yus Rusyana
Dina wangunanana sajak jeung kakawihan teh sarua. Purwakanti henteu ditangtukeun ku pola anu matok. Kitu deui wirahmana henteu angger; hal ieu teh katembong tina jumlah jajaran jeung jumlah engang dina unggal jajaran anu henteu tetep. Beda jeung paparikan. Dina paparikan mah purwakanti dina tungtung jajaran geus ditangtukeun polana. Kitu deui wirahmana geus angger; geuning jumlah jajaran jeung jumlah engang dina unggal jajaran oge tetep. Ku sabab eta, sajak jeung kakawihan sok disebat sajak bebas, ari paparikan disebut sajak teu bebas.
PUPUJIAN
Pupujian teh karangan dina wangun ugeran. Eusina pepeling, pangajaran kaagamaan, puji ka Allah, salawat ka nabi, jeung doa. Wangun pupujian lolobana opat jajar, sajajarna dalapan engang, purwakantina sok sarua, contona a - a - a - a, i - i - i - i, eu - eu - eu -eu. Jadi nurutkeun wangunanana lolobana sair. Puisi pupujian mah langka dibaca digalantangkeun cara maca sajak, tapi ditalar dilagukeun. Tempat dilagukeunana di masjid atawa di madrasah. Di masjid dina samemeh solat sok pupujian
Pupujian anu dieusi pepeling
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara
umur anjeun di dunya teh moal lila
Anak Adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting dicontangan
( sabagian pupujian ANAK ADAM)
Pupujian anu dieusi du'a
Mugi Gusti ngahampura
dosa abdi sadayana
mun ngahampura
kantenan Gusti ahlina
( sabagian pupujian MUGI GUSTI NGAHAMPURA)
Pupujian anu dieusi pangajaran
Dupi sadayana cai
nu sok dianggo susuci
eta aya tujuh rupi
walungan anu kahiji
( sabagian tina pupujian BAB CAI)
Pupujian anu dieusi puji ka Pangeran
He Allah anu ngamankeun
ka abdi tina kasieun
mugi Gusti nyalametkeun
ka abdi tina kasieun
(sabagian tina pupujian HE DAT ANU KUAT)
Pupujian anu dieusi puji ka Nabi Muhammad
Tos medal bulan purnama
nyaangan jagat buana
Jangjawokan teh mantra anu dipakena dina arek milampah hiji pagawean. Anu dipalar sangkan pinunjul hasilna jeung anu migawena salamet.
Ajian teh mantra anu dipakena pikeun meunang kakuatan pribadi sangkan gede sima, ludeungan, bedas jeung sajabana
Singlar teh mantra anu dipakena pikeun nyinglar jurig, kuntianak, lelembut, musuh, sasatoan, jeung hama anu sakira sok ngaganggu ka manusa
jungjunan anu utama
Rajah teh mantra anu dipakena paranti ari ngambah leuweung anu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukkeun siluman-siluman, ngaruat, jeung sajabana
Jampe teh mantra anu dipakena paranti nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan
Muhammad jenenganana
( sabagian tina pupujian TOS MEDAL BULAN PURNAMA)
MANTRA
Puisi mantra teh puisi anu dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakena tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksud anu mapatkeun nyaeta sangkan manehna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal tujuan.
Nurutkeun paranti naon dipakena, mantra dibagi jadi asihan, jangjawokan, ajian, singlar, rajah jeung jampe.
Macaan mantra lain pikeun tujuan nu kasebut di luhur, tapi pikeun tujuan ngarasakeun kaendahan puisina, Conto;
Asihan aing si burung pundung
Maung pundung datang amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang numpi
Burung pundung, burung cidra ku karunya
Malik welas malik asih ka awaking
AJIAN PETAK BAGENDA ALI
Kulitku kulit wesi
uratku urat kawat babalungku waja malela
bumi tuli sagara menga
teka petak Bagenda Ali
suaraku gelap kasanga
rat gurat
rat gurat