GUGURITAN

 

Karangan pondok anu disusun make patokan pupuh. Jadi nurutkeun wangunanana, guguritan teh wangun ugeran teu bebas, da kapan kauger ku aturan pupuh tea. Ari eusina diwangun ku hiji jejer utama, sarta pikiran jeung perasaan pangarangna oge museur ka dinya.

 

Pupuh-pupuh anu sok dipake keur nyieun Guguritan teh aya 17 nyaeta: Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Durma, Gambuh, Gurisa, Juru Demung, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, Wirangrong

 

Guguritan teh geus lila gelarna dina sastra Sunda, ti abad ka-19 geus loba anu nganggit guguritan. R. Haji Muhammad Musa (1822-1866) nganggit "Wulang Krama" (1862), "Wulang Guru" (1865) jeung "Wulang Murid" (1865). RA Bratadiwidjaja nganggit "Asmarandana Lahir Batin" (1892), Haji Hasan Mustapa (1852-1930) nganggit welasan rebu pada guguritan, upamana bae "Kinanti ngahurun Balung", "Asmarandana Babalik Pikir", "Sinom Pamulang Tarima", "Dangdanggula Panorah Rasa", jeung rea-rea deui. Kalipah Apo (R. Haji Muhamad Sueb) nganggit "Dangdanggula Laut Kidul" (1921), MA Salmun (1903-1972) nganggit ratusan guguritan.Mindeng make ngaran singgetan M.A.S., jeung ngaran samaran. Conto guguriatanana, "Di sisi Talaga" (1930), "Ngalantung ka tungtung lembur", "Budak Angon" (1931), "Bandera Urang" (1944).

 

Guguritan Sunda teh kacida lobana, rea pisan anu teu kacatet boh nu ngarangna boh judul guguritanana

Mulih ka Pakuwon

KANDAGA SENI DAN BUDAYA SUNDASASTRA SUNDA

 

WAWACAN

CARITA PANTUN

 

    Dongeng atawa carita nu sok dipake ku Tukang Pantun. Manehna teh ngagorolang nyarita, galecok paguneman jeung ngahaleuang, bari mirig maneh ku jentrengna kacapi.

Carita Pantun anu kamsahur nyaeta : Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah

Carita sejenna; Nyi Sumur Bandung, Panggung Karaton, Budak Manjor, Munding Kawati, jeung rea-rea deui,

.........buka katerangan sejenna......

 

                 Wawacan teh carita panjang anu dianggit make patokan pupuh. Jalan caritana loba bagian-bagianana. Kitu deui palaku jeung tempat ngalalakon loba pisan. Atuh mangsa anu kacaturna oge lila. Dina wawacan mah umumna osok aya hal-hal anu pamohalan mungguhing cek akal mah. Upamana palakuna sarakti, lain bae jelema, tapi jin, siluman, buta, dewa, jeung sajabana. Tapi wawacan anu teu ngandung pamohalan oge aya.

 

                  Wawacan teh dianggit make patokan pupuh. Pupuh geus lila dipake dina sastra Sunda, kurang leuwih ti mimiti abad ka-17. Asalna mah tina sastra Jawa. Dina abad ka-17 rea urang Sunda anu ngarulik kabudayaan Jawa. Pangarang Sunda ngagunakeun patokan pupuh pikeun ngarang wawacan dina basa Sunda. Samemehna, ti abad ka-16 keneh, urang Sunda teh umumna geus ngagem agama Islam. Lantaran kaperluan ngaji Qur'an jeung kitab-kitab, loba anu barisa maca jeung nulis hurup Arab. Tah hurup Arab teh dipake nuliskeun wawacan. Lolobana wawacan anu masih keneh naskah (tulisan leungeun), ditulisna ku huruf Arab. Aya oge anu ditulis ku aksara Sunda Jawa (cacarakan). Nyebarna wawacan ku jalan disalin, tegesna ditulis ku leungeun. Osok aya jalma purah nyalin wawacan. Biasana manehna boga naskah, tuluy eta naskah disalin, salinanana dijual ka nu paresen. Sok sanajan tangtu leukleukna, tapi ku kitu teh kabuktian wawacan nyebar ka mana-mana. Ayeuna oge di pilemburan masih aya nu ngampihan naskah tulisan leungeun. Umumna mah eta naskah teh geus raruksak. Barang geus aya percitakan, loba wawacan anu dicitak, mimitina ku aksara Sunda Jawa, saterusna ku aksara Laten..

  

Eusi carita wawacan teh rupa-rupa pisan, nurutkeun asal-usulna bisa digolongkeun jadi:

1.  Anu asalna tina Carita anu geus aya:

a. Sastra Islam jeung sastra Jawa, Contona Wawacan: Amir Hamzah, Nabi Paras, Gusti Patimah Dibabarkeun, teu kasebut beunang saha-sahana. Wawacan  Sarebu Sawengi beunang R. Haji Muhamad Musa, Wawacan Angling Darma jeung Wawacan Batara Rama beunang RAA Martanagara; Wawacan Rengganis beunang R. Haji Abdussalam; Wawacan Dewa Ruci jeung Wawacan Mintaraga beunang MA Salmun

b. Dongeng jeung Hikayat, contona Wawacan Lenggang Kancana beunang Tubagus Jayadilaga, Wawacan Purnama Alam beunang R. Suriuadireja, Wawacan Panji Wulung beunang R. Haji Muhamad Musa.

c. Carita Pantun, contona Wawacan Lutung Kasarung beunang Engkawijaya, Wawacan Ciung Wanara jeung Wawacan Mundinglaya beunang MA Salmun.

d. Babad contona Wawacan Babad Cirebon teu kasebut saha-sahana, WawacanBabad Sumedang beunang RAA Martanagara, Wawacan Dipati Ukur jeung Wawacan Dipati Imbanagara beunang MK Harjakusumah.

 

2. Anu asalna tina Gambaran Kahirupan di Masarakat

Contona: Wawacan Rusiah nu Geulis beunang Candrapraja, Wawacan Rusiah nu Kasep beunang Hodidjah Mahtum, Wawacan Secanala jeung Wawacan Ali Muhtar beunang R. Haji Muhamad Musa

 

Para pangarang wawacan aya nu kapanggih ngaranna, aya anu henteu. Dina wawacan anu mangrupa naskah tulisan leungeun, langka disebutkeun saha anu ngarangna. Dina wawacan anu dicitak mah, ditetelakeun saha anu ngarang eta wawacan