KANDAGA SENI DAN BUDAYA SUNDA

SASTRA SUNDA

 

 

 

SAJAK

 

Kakawihan, paparikan, jeung wawangsalan gelarna geus heubeul, malah hese dipastikeun iraha gelarna da puguh nyebar ku lisan jadi apal-apalan balare. Ari sajak mah, sajak bebas tea, gelarna beh dieu, dina jaman sanggeus urang merdeka. Eta wangun sajak teh mimitina mah teu ujug ditarima da pajar lain wangunan sastra Sunda. Padahal Kakawihan oge anu wangunanana mah teu beda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda. Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950. Ti taun 1946 keneh geus aya anu nulis dina wangunan sajak. Sajak-sajak teh dimuat dina surat kabar jeung majalah Sipatahunan, Warga Sunda, Kudjang, Mangle, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Giwangkara, Galura, jeung sajabana. Umumna  can dibukukeun. Tapi buku kumpulan sajak oge geus aya nu medal, upamana:

 

Lalaki di Tegal Pati (1963) kumpulan sajak Sayudi

Ombak Laut Kidul (1966) kumpulan sajak Rachmat M. Sas Karana

Jante Arkidam (1967) kumpulan sajak Ajip Rosidi

Surat Kayas (1967) kumpulan sajak Surachman RM

Tepung di Bandung (1972) kumpulan sajak Rachmat M. Sas Karana

Katiga (1975) kumpulan sajak Yayat Hendayana

Nu Ngarongheap (1978). Kumpulan sajak Eddy D Iskandar

Sabelas taun (1978) kumpulan sajak Usep Romli

Jagat Alit (1979 kumpulan sajak Godi Suwarna

Nu mahal ti batan Inten (1980) kumpulan sajak Yus Rusyana

 

Dina wangunanana sajak jeung kakawihan teh sarua. Purwakanti henteu ditangtukeun ku pola anu matok. Kitu deui wirahmana henteu angger; hal ieu teh katembong tina jumlah jajaran jeung jumlah engang dina unggal jajaran anu henteu tetep. Beda jeung paparikan. Dina paparikan mah purwakanti dina tungtung jajaran geus ditangtukeun polana. Kitu deui wirahmana geus angger; geuning jumlah jajaran jeung jumlah engang dina unggal jajaran oge tetep. Ku sabab eta, sajak jeung kakawihan sok disebat sajak bebas, ari paparikan disebut sajak teu bebas.

PUPUJIAN

 

Pupujian teh karangan dina wangun ugeran. Eusina pepeling, pangajaran kaagamaan, puji ka Allah, salawat ka nabi, jeung doa. Wangun pupujian lolobana opat jajar, sajajarna dalapan engang, purwakantina  sok sarua, contona a - a - a - a, i - i - i - i, eu - eu - eu -eu. Jadi nurutkeun wangunanana lolobana sair. Puisi pupujian mah langka dibaca digalantangkeun cara maca sajak, tapi ditalar dilagukeun. Tempat dilagukeunana di masjid atawa di madrasah. Di masjid dina samemeh solat sok pupujian

 

Pupujian anu dieusi pepeling

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara

umur anjeun di dunya teh moal lila

 

Anak Adam umur anjeun teh ngurangan

Saban poe saban peuting dicontangan

( sabagian pupujian ANAK ADAM)

 

Pupujian anu dieusi du'a

Mugi Gusti ngahampura

dosa abdi sadayana

mun ngahampura

kantenan Gusti ahlina

( sabagian pupujian MUGI GUSTI NGAHAMPURA)

 

Pupujian anu dieusi pangajaran

Dupi sadayana cai

nu sok dianggo susuci

eta aya tujuh rupi

walungan anu kahiji

                        ( sabagian tina pupujian BAB CAI)

 

Pupujian anu dieusi puji ka Pangeran

He Allah anu ngamankeun

ka abdi tina kasieun

mugi Gusti nyalametkeun

ka abdi tina kasieun

                         (sabagian tina pupujian HE DAT ANU KUAT)

 

Pupujian anu dieusi puji ka Nabi Muhammad

Tos medal bulan purnama

nyaangan jagat buana

Jangjawokan teh mantra anu dipakena dina arek milampah hiji pagawean. Anu dipalar sangkan pinunjul hasilna jeung anu migawena salamet.

Ajian teh mantra anu dipakena pikeun meunang kakuatan pribadi sangkan gede sima, ludeungan, bedas jeung sajabana

Singlar teh mantra anu dipakena pikeun nyinglar jurig, kuntianak, lelembut, musuh, sasatoan, jeung hama anu sakira sok ngaganggu ka manusa

jungjunan anu utama

 

Rajah teh mantra anu dipakena paranti ari ngambah leuweung anu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukkeun siluman-siluman, ngaruat, jeung sajabana

 

Jampe teh mantra anu dipakena paranti nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan

Muhammad jenenganana

( sabagian tina pupujian TOS MEDAL BULAN PURNAMA)

 

Dina buku antologi Kanjut Kundang oge dimuat sajak-sajak. Ngaran-ngaran panyajak salian anu disebut diluhur di antarana: Kis Ws, KTS, Eddi Tarmiddi, Hasan Wahyu Atmakusumah, Jus Rusamsi, Wahyu Wibisana, Apip Mustopa, Eson Sumardi, Ayat Rohedi, Saini KM, Ami Raksanagara, Agus Sur, Deddy Windyagiri, Ano Karsana, jste.

MANTRA

 

Puisi mantra teh puisi anu dianggap ngandung kakuatan gaib. Dipakena tara sagawayah. Mantra biasana dipapatkeun ditalar. Maksud anu mapatkeun nyaeta sangkan manehna bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikeun ngahontal tujuan.

Nurutkeun paranti naon dipakena, mantra dibagi jadi asihan, jangjawokan, ajian, singlar, rajah jeung jampe.

Macaan mantra lain pikeun tujuan nu kasebut di luhur, tapi pikeun tujuan ngarasakeun kaendahan puisina, Conto;

 

Asihan aing si burung pundung

Maung pundung datang amum

Badak galak datang depa

Oray laki datang numpi

Burung pundung, burung cidra ku karunya

Malik welas malik asih ka awaking

 

AJIAN PETAK BAGENDA ALI

 

Kulitku kulit wesi

uratku urat kawat babalungku waja malela

bumi tuli sagara menga

teka petak Bagenda Ali

suaraku gelap kasanga

rat gurat

rat gurat