Asmarandana

Balakbak

Gambuh

Gurisa

Hayang teuing geura beurang

Geus beurang rek ka Sumedang

Nagih ka nu boga hutang

Mun meunang rek meuli soang

Tapi najan henteu meunang

Mo rek buru-buru mulang

Rek terus guguru nembang

Jeung diajar nabeuh gambang

 

Hayang teuing geura beurang

Geus beurang rek ka Sumedang

Nagih ka nu boga hutang

Mun meunang rek meuli soang

Tapi najan henteu meunang

Mo rek buru-buru mulang

Kinanti

 

Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Nguriling kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih

 

Ari beurang ngagarantung

Pinuh dina dahan kai

Disarada patembalan

Ladrang

 

Aya hiji rupa sato leutik

Engkang-engkang, engkang-engkang

Sok luluncatan di cai

Ari bangun arek sarupa jeung lancah

 

Coba teguh masing telik

Maskumambang

 

Hey manusa mana kaniaya teuing

Teu aya rasrasan

Kawula make disumpit

Naha naon dosa kula

 

Mijil

 

Mesat ngapung putra sang Arimbi

Jeung mega geus awor

Beuki lila beuki luhur bae

Larak lirik ninggali ka bumi

Milari sang rai

Pangeran Bimanyu

 

Aduh Gusti nu Kawasa

Pangkur

Wirangrong

 

Barudak mangka ngalarti                                He barudak mangka ngarti

Ulah rek kadalon-dalon                                 Ulah rek kadalon-dalon

Enggon-enggon nungtut elmu                         Nungtut elmu jeung pangarti

Mangka getol mangka tigin                            Masing rajin soson-soson

Pibekeleun sarerea                                        Pibekeleun hirup tandang

Modal bakti ka nagara                                  Modal bakti ka nagara

                                                             Lemah cai anu urang

                                                             Perlu dijaga dibela

 

Seja nyaba ngalalana

Ngitung lembur ngajajah milangan kori

Henteu puguh nu dijugjug

Balik paman sadaya

Nu timana tiluan semu rarusuh

Lurah begal ngawalonan

Aing ngaran Jayapati

Pucung

 

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung

Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek

Bajing kuring jaralang belang buntutna

Sinom

 

Warna warni lauk empang

Aya nu sami jeung pingping

Pagulung patumpang-tumpang

Ratna Rengganis ninggali

Warnaning lauk cai

Lalawak pating suruwuk

Sepat pating karocepat

Julung-julung ngajalingjing

Sisi balong balingbing, sisi balungbang

 

Harta pada nareangan

Harti pada narabahan

Harta harti sarwa guna

Pada bisa mere bukti

Bisa hasil sapaneja

Sok nyumponan cita-cita

Harta harti sing mangpaat

Dapon diraksa taliti

 

Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora bisi engke henteu naek

Batur seuri urang ngaheruk nalangsa

 

Euleuh itu budak gembul

Awak gembru bayuhyuh gawena kedul

Ukur heuay jeung nundutan

Ka sakola unggal poe kabeurangan

He barudak tong nurutan

Ka nu gembul kokomoan

Bisi kedul jeung ogoan

Awal akhir katempuhan

Jisim abdi ageung dosa

Pangna abdi gering nangtung

Reh ka sepuh wantun nundung

Naha abong-abong teuing

Nasib abdi jadi hewan

Digawekeun beurang peuting

Dirangket taya rasrasan

Eta gambar sidik-sidik

Sato naon kitu wanda

Reujeung dimana ayana

Nu kitu naon ngaranna

Rek terus guguru nembang

Magatru

 

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung

Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka,

Ujungberung, Rajamandala, Cimahi, Leles,

Limbangan, Tarogong

 

Sukuna pakupis tilu

Panonna opat harerang

Leumpangna semu nu lesu

Ngalengkah teu bisa gancang

 

Jeung diajar nabeuh gambang

Juru Demung

Lambang

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Nawu kubang sisi tegal

Nyiar bogo meunang kadal

Atuh teu payu dijual

Rek didahar da teu halal

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal

 

Mungguh nu hirup di dunya                        Mungguh hirup di alam dunya

Ku kersaning anu agung                             Kukersaning anu agung

Ku kersaning anu agung                             Geus pinasti bakal panggih

Geus pinasti panggih                                  Suka bungah jeung kasedih

Geus pinasti                                               Dua rupa nu tumiba

Geus pinasti panggih                                   Sakabeh jalma di dunya

Jeug dua rupa perkara                                Senang patumbu jeung bingung

Senang paselang jeung bingung                   Eta geus tangtu kasorang

 

 

 

Ngahuleng banget bingung

Henteu terang kamana nya indit

Turug-turug harita teh, enggeus burit

Panonpoe geus rek surup

Keueung sieun aya meong

 

Hulang huleng, hulang huleng

Ngahuleng ngaraga meneng

Hate ratug tutunggulan

Henteu terang, kaler kidul

Turug-turug, turug turug

Harita teh enggeus burit

Panonpoe geus rek surup

Keueung sieun aya meong

 

Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng

Awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng

Lalakina lalakina los kapipir nyoo monyet, nyanggereng

 

Aya warung sisi jalan

Rame pisan ku nu jajan

Tihothat nu ngaladangan

Nu jarajan sukan-sukan

Dangdanggula

 

Mega beureum surupna geus burit

Ngalanglayung panas pipikiran

Cikur jangkung jahe koneng

Naha teu palay tepung

Sim abdi mah ngabeunying leutik

Ari ras cimataan

Gedong tengah laut

Ulah kapalang nya bela

Paripaos gunting pamelahan gambir

Kacipta salalamina

 

Hiji basa, hiji bangsa

Basa bangsa, Indonesia

Hiji bangsa, hiji nusa

Nusa tunggal Nusantara

Seler-seler, suku bangsa

Di wewengkon, mana-mana

Sakasuka, sakaduka

Wujud bangsa Indonesia

 

Eling eling mangka eling

Rumingkang di bumi alam

Darma wawayangan bae

Raga taya pangawasa

Lamun kasasar lampah

Nafsu nu matak kaduhung

Badan anu katempuhan

 

Eling-eling masing eling

Di dunya urang ngumbara

Laku lampah nu utama

Asih ka papada jalma

Ucap tekad reujeung lampah

Tingkah polah sing merenah,

Runtut rukun sauyunan

Hiru jucung panggih jeung kamulyaan

Mulih ka Pakuwon

KANDAGA SENI DAN BUDAYA SUNDASASTRA SUNDA

Durma

Moal ngejat sanajan ukur satapak

Geus dipasti ku jangji

Mun tacan laksana

Numpes musuh sarakah

Heunteu niat seja balik

Najan palastra

Mati di medan jurit

 

Di mamana si penjajah

Pada amarah marudah

Manan kapok anggur gawok

Najan dituyuk diragut

Nagri sadayana

Umumna ngabela

Nyempad rosa, pulitik penjajah

Tapi nu ngajaja

Teu pasrah, teu sadrah

Terus meres, ngahina ngarinah