kembali ke awal

KANDAGA SENI DAN BUDAYA SUNDASASTRA SUNDA

N O V E L

Novel teh carita anu panjang dina wangun lancaran. Jalan caritana loba bagian-bagianana. Kitu deui palakuna loba. Atuh mangsa anu kacaturna oge lila. Dina novel mah langka aya hal anu pamohalan. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadian teh kaayaanana bisa ditarima ku akal.

 

Novel Sunda timbul dina awal abad ka-20. Dina taun 1914 kaluar novel munggaran Baruang ka nu Ngarora karangan DK Ardiwinata. (Dibandingkeun jeung novel dina sastra Indonesia Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar anu kaluar taun 1920, novel Sunda genep taun leuwih ti heula). Eusina ngagambarkeun kahirupan masarakat Bandung dina katompernakeun abad ka-19, Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah, ti kalangan pasar anu beunghar, imah-imahna dibaruntakkeun ku Aom Kusman, ti kalangan menak.

 

Dina taun 1926 kaluar Agan Permas karangan Yuhana. Galurna nyartitakeun kulawarga Bapa Imba tukang tani miskin anu katideresa ku rupa-rupa musibat jeung panindesan. Dina ieu novel karasa aya cita-cita ngudag kaadilan sosial.

 

Dina taun 1928 kaluar Rusiah nu Goreng Patut karangan Sukria jeung Yuhana. Eusina nyaritakeun kawaluratan hirupna Karnadi tukang ngala bangkong sa-anak pamajikanana. Cara nyaritakeunana mah ngahudang pikaseurieun nu maca. Karangan Yuhana nu sejenna Eulis Acih jeung Mugiri.

 

Dina taun 1928 keneh kaluar Mantri Jero karangan R. Memed Sastrahadiprawira. Ieu novel dilataran ku kajadian sajarah abad ka-16 di Nagara Tengah (Priangan Wetan). Dina taun 1930 kaluar novel R. Memed sejenna, nyaeta  Pangeran Kornel, anu dilataran ku kajadian sajarah, dina katompernakeun abad ka-18 di kabupaten Sumedang.

 

Mohamad Ambri ngarang novel Lain Eta (19..), nyaritakeun lalakon Neng Eha anak kalipah kota Cianjur, anu dipegatkeun asihna, sarta tuluy direremokeun ka jalma anu teu dipikacinta. Kagambarkeun kaayaan masarakat anu masih keneh kukuh kana kamenakan, anu diocal-ocal dilawan ku budak ngora hasil didikan sakola.

 

Dina taun 1940 kaluar Laleur Bodas karangan Samsu, eusina nyaritakeun percintaan. Nurutkeun susunan jalan caritana kaasup novel detektif. Novel detektif sejenna Diarah Pati karangan Margasulaksana.

 

Dina taun 1951 kaluar Gogoda ka nu Ngarora karangan MA Salmun, nyaritakeun lalakon Ujang Kusen, Nyi Rapiah, Aom Kusman (ngaran-ngaran palaku sarua jeung dina novel Baruang ka nu Ngarora) anu digambarkeun harirup dina katompernakeun abad ka-19.

 

Dina taun 1965kaluar Randa Bengsrat jeung dina taun 19656 Dedeh duanana karangan Yus Rusamsi.

Dina taun 1966 kaluar Pahlawan ti Pasantren karangan Ki Ummat (Ki Umbara jeung SA Hikmat, duanana ge ngaran samaran). Galurna nyaritakeun perjuangan para ajengan dina jaman revolusi.

 

Dina taun 1967 kaluar Nganti nganti Dawuh karangan Karna Yudibrata< Samagaha, jeung Asmara Ngambah Sagara karangan Aam Amilia, nu nyaritakeun hiji awewe anu kapaksa hirup sate-teka sorangan ngurus nu jadi anak lantaran diserahkeun ku salakina.

 

Lian ti novel-novel anu disebutan di luhur, aya novel anu ngahaja ditulis pikeun bacaan barudak, upamana Carita Si Dirun jeung Budak Teuneung karangan Samsudi, Si Bedog Panjang karangan Ki Umbara