KENTRUNG HARIRING

( Nano. S )

GENDING

Para pamuda asup ka pentas bari mawa halu, gerakan diluyukeun jeung gending.

 

PARA PAMUDA      :            Tamaha jadi lalaki

Kudu bisa nyieun halu

Haluna, haluna kuat lir beusi

 

Dipake nutu di lisung

Sorana angin-anginan

Ngelentrung, matak nineung ka nyi mojang

 

Alah kentrung,kentrung, aduh rame pisan

Alah kawel- kawel, aduh tapis pisan

Najan rame teu pabeulit

Sukuna tara ti kait

Najan ripuh teu rumahuh

Sumawona hahah-huhuh

Paling, paling aduh nyeri cangkeng

Alah kentrung-kentrung……..fade out…..

 

GENDING

Selang tina ngarengsekeun nyieun halu, gantian nyaritakeun pangalamanana

 

PAMUDA              :         Basa Nyi Emeh keur nutu

Ngalamun kadagor halu

Huntuna………………

Murudul satilu-tilu

 

PAMUDA 2         :         Basa nyi Icih keur napi

Gubag-gibeg pasang aksi

Haluna………………..

Teu pupuguh nyintreuk ceuli

 

PAMUDA 3         :         Nyi Ijah milihan serah

Katinggang lebaheun sirah

Bareuhna……………..

Melendung sagede gajah

 

PAMUDA 4         :         Nyi Mumu gawena kerung

Bangun anu nyeri beuteung

Gorobasssssssss

Logodor sagede halu

 

PAMUDA 5         :         Nyi Ijur peuting ngalindur

Salaki dijieun halu

Anehna………………….

Salakina seuseurian

 

PARA PAMUDA:         Hahahahahahah – heuheuheuheuheuheuh……..antarlina……

 

GENDING

Keur rame seseurian salah saurang pamuda ninggali aya mojang nu rek ngaliwat tuluy nyarita kanu sejena

 

 

PAMUDA 1         :         Leuh euleuh tuh aya nyi mojang !

PARA PAMUDA:         Cing mana ?

PAMUDA 2         :         Duh mani hezo

PARA PAMUDA:         Arek hezo arek koneng

Ka nyi mojang tetep hayang

PAMUDA 1         :         Mun kadieu rek kumaha ?

PARA PAMUDA:         Acuh wae sabab butuh

PAMUDA 1         :         Leuwih hade urang goda

PARA PAMUDA:         Akur pisan mending kitu

 

GENDING

Ngaliwat nyi mojang duaan atawa tiluan ka hareupeun para pamuda, ku para pamuda tuluy diheureuyan.

 

PARA PAMUDA:         Neng ! neng ! neng ! neng !

Sora loceng…….pasti eraeun

 

GENDING

Mojang nu ditanya tadi mah rek atoh tapi kusabab diheureuykeun tuluy ting kelemes tapi teu ingkah ti pentas. Teu lila ngaliwat deui mojang duaan, siga nu tadi ku pamuda diheureuyan.

 

PARA PAMUDA:         Nyi !, Nyi ! , Nyi !, Nyi !

Nyiruan tuh !

 

GENDING

Mojang nu diheureuyan ngadeukeutan baturna nu tadi diheureuyan. Ti arah sejen datang nyi mojang nu gaya leumpangna jiga peragawati.

 

PARA PAMUDA:         Aduh lucu persis peragawa………

Teu ah…………..

 

GENDING

Para pamuda ting cikikik, seuri ku tingkah lakuna sorangan geus hasil ngaheureuyan nyi mojang. Mojang-mojang baraeud tuluy ngambeuk.

 

PARA MOJANG:         Asa teu gugur teu angin

Jeung asa kamalinaan

Cunihin teh kaleuwihan

Siga nu kurang saeundan

Aya naon ? aya naon ?

Cing pek ngomong anu bener !

 

PARA PAMUDA:         Manawi peryogi halu

Sae pisan kanggo nutu

 

PARA MOJANG:         Tayoh pantes ka patutna

Sirah batu kawas halu

 

PARA PAMUDA:         Rumaos akang mah hipu

Kagaduh mung ukur halu

 

PARA MOJANG:         Ngomong kalah beuki ngaco

Polah api-api bodo

Kami tetep henteu suka

Anjeun kudu tanggung jawab

 

GENDING

Ngarasa kadeseh para pamuda tuluy ngomong kana halu masing-masing, miceun ka era ti dituna mah pedah diseukseukan ku para mojang

 

PARA PAMUDA:         Da maneh mimitina

Jadi sayah katempuhan

Ari geus kieu kumaha

Ngomong-ngomong !

 

Ieuh kuring teh arisin

Isin isin tuh isin ku lisung

 

GENDING

Para mojang ngarasa heran jeung hayang seuri ninggali kalakuan para pamuda teh, sok sanajan kitu tetep can mere budi ka para pamuda

 

PARA PAMUDA:         Moal sakali-kali deui..Hah !

Awas diwartoskeun ka Abah

Hayoh nyuhunkeun dihapunten

Sok sok da moal nananon !

 

PARA MOJANG:         Kalakuan pangakalan

Kalakuan panipuan

Kalakuan teu uyahan

Kahayangna diwawuhan

 

PARA PAMUDA:         Kadangu henteu

Tuh anjeunna bendu

Socana mani baruleud

 

Ayeuna kieu

Da maneh nu boga dosa

Maneh nu tanggung jawabna ( bari nunda halu tuluy indit )

 

PARA MOJANG          Pasti…eraeun….

PARA PAMUDA          ……Enya……

 

GENDING

Sanggeus para pamuda indit ti dinya, para mojang rupa-rupa tingkahna aya nu mupuas tapi aya oge nu boga rasa kaduhung.

 

MOJANG 1         :         Kami mah jadi kaduhung

Geus nyarekkan leuwih teuing

Sok sieun raheut hatena

Ngaganggu kana jiwana

 

MOJANG 2         :         Lalaki kitu kuduna

Supaya kapok jadina

Sabab mun terus diantep

Boga rasa ieu aing

 

MOJANG 3         :         Tapi mun ngukur dosana

Bet asa teu sabaraha

Kumaha atuh jadina

Sangkan teu goreng akhirna

 

MOJANG            :         Halu dipake gantina

Nurutan cara manehna

Urang pake tutunggulan

Ciri urang sauyunan

 

PARA MOJANG:         Akur akur

Nu goreng lain jalmana

Tapi kalakuanana

Hayu rawatan ayeuna

 

GENDING

Para mojang ngarawatan halu nu tinggaloler, para pamuda daratang ti tukangeunana bari seuri leutik,barang mojang-mojang rek jung pisan nangtung ku para pamuda dibetahkeun. ( Catetan : alusna dina adegan ieu make lisung, tuluy tutunggulan, keur jongjon tutunggulan karek para pamuda kaluar ti tukangeun bara mojang )

 

PARA PAMUDA:         Tah kitu alus

Diurus ti leuleutik

Geus gede mulang tarima

            (halu diturunkeun rek ditunda deui)

His naha kitu

Teu kedah isin-isin

Teraskeun….teraskeun….

 

GENDING

Ku sabab era, para mojang tuluy mencrong jeung nyarekkan halu sewang-sewangan.

 

PARA MOJANG:         Da maneh mimitina

Jadi kami katempuhan

 

Henteu kudu sindir sampir

Ngomong ngomong

 

Aeh aeh bet ngabetem

Awas moal dipasihan…..

 

PARA PAMUDA:         Apem

PARA MOJANG:         Kadangu henteu

Tuh anjeunna surtii

Kiceupna siga kelenci

PARA PAMUDA:         Kelencina moal kabur

PARA MOJANG:         Nya ceuk kami oge

Mun daria pek balaka

PARA PAMUDA:         Isin keneh

 

GENDING

Bari silih tunjuk jeung silih surungkeun para pamuda nitah salah saurang wakilna pikeun ngadeukeutan para mojang

 

PAMUDA 1         :         Cing halu kuring contoan

PARA PAMUDA:         Mimitina …. Weh !

 

GENDING

Ku sabab para mojang teu mere respon, salah saurang pamuda para mojang disindiran

 

PAMUDA 2         :         Sayang cantik-cantik aga tuli

Telinganya mungkin kelebihan gizi

Sayang kalau musti dioperasi

Telinganya lucu seperti kelinci

 

GENDING

Pikeun ngawanohkeun pihak para pamuda jeung para mojang, salah saurang api-api jadi pagawe telkom, gerakanana siga nu masang kabel telepon jeung nu masang telpon tuluy dicoba ku manehna teu lila dibikeun ka salah saurang baturna supaya nelepon para mojang.

 

PAMUDA 4         :         Halow halow …nyi Omoh nih !

Oke oke oke

PARA PAMUDA:         Ok ak ok ey ok ak ok ey

PAMUDA 4         :         Sssssst……. salam sayang buatmu seorang

                                      Cup cup cup…

PARA PAMUDA:         Aji no moto

PAMUDA 4         :         Heueuh ..heueuh…dah Omoh……

Apa ? kang Ibro ?…ada… sebentar yah….

 

GENDING

Telepon dibikeun ka salah saurang pamuda nu jadi Ibro, tuluy Ibro nelepon legeg pisan

 

PAMUDA 5         :         Halao halao..saya Ibro nih..!

Selamat subuh…….

Ohhhhhhh…Nyi Ijur nih !

Halo….          ( jur )

Apa kabar      ( jur )

Ah engga        ( jur )

Makan tebu    ( jur )

 

PARA PAMUDA:         Halow … halow… ( bari ngadeukeutan para mojang )

Cantel yu !

 

GENDING

Para mojang tetep pengkuh can daek ngalayanan para pamuda. Ku sabab kitu tuluy para pamuda tinglaleos tapi bari nanya ka dirini sugan jeung sugan dijawab ku para mojang

 

PARA PAMUDA:         Upamina ieu mah

Nu pasea wawuh deui

Cing kedah dikumahakeun ?

PARA MOJANG:         Ditaros !

 

PARA PAMUDA:         Upamina ieu mah

Hoyong teras silih asih

Cing kedah dikumahakeun

PARA MOJANG:         Ditarosan

 

Upamina ieu mah

Ditarosan pareng kersa

Cing kedah dikumahakeun ?

PARA PAMUDA:         …..Dieleketek……

 

Akang mah geus pageuh jangji

Moal boga pamajikan iwal ka anu sahiji

Anu meulit dina ati

 

PARA MOJANG:         Leuh euleuh euleuh

Na saha tea ?

 

PARA PAMUDA:         Sanes sasaha….kapan salira

 

PARA MOJANG        : Duka atuh                   PARA PAMUDA        : Akang cinta

PARA MOJANG        : Ngemut heula  PARA PAMUDA        : Kedah kersa

PARA PAMUDA        : Lamun henteu PARA PAMUDA        : Kedah mangga

PARA MOJANG        : Lamun mangga            PARA PAMUDA        : Itu diaaaa

 

PARA MOJANG/PAMUDA

Dengkleung dengdek – dengkleung dengkleung dengkleung

Dengkleung dengdek – dengkleung dengkleung dengkleung

 

PARA MOJANG        : Lamun moal daek       PARA PAMUDA: Akang ngeleketek

PARA MOJANG        : Lamun abdi daek        PARA PAMUDA: Kulan

PARA MOJANG        : Daek                          PARA PAMUDA: Kulan

PARA MOJANG        : Daek                          PARA PAMUDA: Kulan

PARA MOJANG        : Daek !                        PARA PAMUDA: Akang ngarengkenek

( mimitina lalaunan supaya teu kadengeun ku para pamuda, tapi beuki lila beuki tarik malah antukna mah dijorowokeun )

 

PARA MOJANG:         Kade nya ulah ngabohong

PARA PAMUDA:         Moal

PARA MOJANG:         Kade nya tong mangnyerikeun

PARA PAMUDA:         Moal

PARA MOJANG:         Kade nya midua hate 

PARA PAMUDA:         Moal

PARA MOJANG:         Kade nya cing nyaah pisan

PARA PAMUDA:         Moal……

( para mojang neunggeul para pamuda, para pamuda sadar yen jawabanana salah tuluy tingcorowok nyebut bade bari ngudag para mojang nu ting laleos ti dinya )

PARA PAMUDA:         Bade…bade..bade….

 

GENDING PAMUNGKAS