KAKAWIHAN URANG LEMBUR


 

 


 

1

Jaleuleuja

Tulak tuja eman gog

Seureuh leuweung bay

Jambe kolot bug

Ucing katinggang songsong NGEK

 

2

Euleung euy euleung

Barudak urang ka jami

 

Embung euy embung

Sieun badak nu kamari

 

Euweuh euy euweuh

Geus dibedil ku si Jendil

 

Dilong dil dilong

Si Jendil dirawu kelong

Dildilong dil dilong

Si Jendil dirawu kelong

Dildilong dildil dilong

Si Jendil dirawu kelong

 

3

Neng nong neng ja

Toroktok embe janggotan

Pa kuwu kariaan

Laukna lauk bilatung

Kejona kejo gandrung

Ting tung bedog rumpung

Trong trang bedog rompang

Het het embe janggotan

Kelek monyet heheotan

Badu bangplak tung dem

4

Torotot heong

Suling aing tulang maung

Diliangan ku bangbara

Ditroktrokan ku caladi

Dipasieup ku sireupeun

Torotot torotot heong

5

Pacublek-cubleuk uang

Uangnya manggulenteng

Butata butiti

Padati wara wiri

Tah si nona tah si babah

Ka teluk buyung

Mbo Erah mbo Erah

si Sidin bau kawin

Potong kerbau pendek

Potong kerbau tinggi

Tingginya gemblang gemblung

Ta em emh ta em emh

Ta em emh ta em emh

Ta em emh ta em ta em

 

6

Sakentrung taligung peci pecak

Tetek dulak tete wondo

Dalem dulak raja songo

Kali sanga domble

Kacang diraraweuy

Tembus kele

Dodol sana dodol sini

Cirkucirprek dolidoeng

 

 

7

Gala ginder gala ginder

Adelerder ndut ndutan

Cle ka pangaclegan

Clo ka pangaclogan

Gang gonggo gang gengge

Toli-toli mas marino

 

8

Tuktuk brung tuk tuk brak

Buntut lutung panjang rubak

Dikenyang-kenyang barudak

Barudak salawe widak

Nyed emh

Nyed emh

Nyed nyed nyed emh……

 

9

Jung jae balakatanjung jae

Pucuk menyan mang soyi

Gedong malati - RIRI

Riri nyandung ka putra dalem tumenggung – BANDUNG

Bandung timpul balanja saundal endol – DAL DOL

Poho tadi lalajo teu mawa simbut BUTUT

Butut betet kekempis munding kadempet – COET

Coet ema katincak ku ucing gering

JEBRED

10

Prang pring prang pring

Sabulu-bulu gading

Ngagading ka Sunda perang

Sunda perang ngagarantang

Treung treung eu

Treung treung eu

 

 

 

11

Sur sar sur sar

Angeun waluh tacan acak

Disuluhan ku baketek

Baketek meunang meulahan

Meulahan ku peso petok

Peso petok gagang timah

Naleknok anu di imah

 

Sur sar sur sar

Amis cau amis kumbang

Hileud si tataru ngambang

Pangirim nini Panimbrang

Ihhhhhh tai manukan

Ihhhhhh tai manukan

Korowek korowek muncang

Emh bau tai hayam

Emh bau tai hayam

Emh bau …………………………….

12

Cur hujan ngucur yu urang ngiuhan

Cur hujan ngucur yu urang ngiuhan

 

Trang trang kolentrang

Si londok paeh nundutan

Ti kusruk kana durukan

Mesat gobang kabuyutan

 

Nyeh prot nyeh prot

Si renyeh si kemprot

Nyeh prot nyeh nyeh prot

Nyeh prot nyeh nyeh prot

Nyerehnyeh nyeh nyeh prot