BANTR    K 


 

Nano. S

 

 

GENDING BUBUKA ……………

( GENDING 1 )

Sababaraha urang pamuda asup ka pentas bari ngawihkeun lagu “Langit Biru”, dangdanan ilahar pamuda ayeuna anu rek malem mingguan seja “wakuncar atawa apel”

 

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

 

 

 

 

 

 

 

A.S. PAMUDA

 

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

 

 

A.S. PAMUDA

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

:

 

 

 

 

 

 

 

:

 

 

:

 

 

:

 

:

Langit biru, malam Minggu

Acara nu geus tangtu

Apel

 

Saptu sore, bungah hate

Sayia ka kakasih

Apel

 

Kacipta imutna, waktu ririh muka panto

Kacipta manisna, waktu ngobrol ngaler ngidul

 

Luak-lieuk meungpeung simpe

Rek ngarendeng asa-asa

 

Aya Abah . . ., Aya Abah

 

Langit biru, malam Minggu

Acara nu geus tangtu

Apel

 

GENDING 2 ……………………………

Salah saurang Pamuda memeres dangdananana dibantuan ku nu sejena, disusurup ngarah pantes bari dipapatahan

 

 

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

A.S. PAMUDA

 

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

A.S. PAMUDA

 

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

A.S. PAMUDA

 

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

A.S. PAMUDA

 

 

RAMPAK SEKAR PAMUDA

A.S. PAMUDA

:

:

 

 

:

:

 

 

:

:

 

 

:

:

 

 

:

:

 

 

Golepna, golepna

Diminyakan camour salep

Biar lengket tambah cakep

 

Diwedak, diwedak

Wedak campur odorono

Biar wangi segalanya

 

Kancingkeun, kancingkeun

Biar dada kelihatan

Tambah keren tambah jantan

 

Babacaan, babacaan

Buat apa babacaan

Tiap baca koran

 

Babawaan, babawaan

Buat apa babawaan

Nanti juga disuguhan

       

 

GENDING 3 ……………………………

Para Pamuda kaluar ti pentas indit sewang-sewangan rek muru panutanana masing-masing.

Di tempat sejen jang Adun keur ngagugulung potret nu dipiguraan, sakapeung diteuteup tuluy ditatangkeup. Keur kitu katangeneun ku rombongan mojang nu karek mulang ti masjid, tuluy ngaheureuyan jang Adun.

 

RAMPAK SEKAR MOJANG

 

 

 

 

 

JANG ADUN

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

RAMPAK SEKAR MOJANG

:

 

 

 

 

 

:

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

:

Potret manehna, nu katampa minggu kamari

Dopiguraan, disimpen di hade-hade

 

Anteng diteuteup, jadi batur dina simpe

Aduh endahna, mapaesan taman hate

 

Potret manehna, potret manehna

Ditilik disidik-sidik, diteuteup dibulak-balik

Ku manis bae

 

Potret manehna, potret manehna

Socana, imutna, teuteupna, sagalana

Ngan keur kuring bae

 

Potret manehna, wawakil jirim jinisna

Tanda satia, ngarah kangen salilana

 

Matri hiji, dina ati

Gambar diri jadi bukti

Najan anggang langka tepang

Potret anu digugulung

Potret manehna

 

 

GENDING 4 ……………………………

Jang Adun ninggali jam tangan, tuluy gura-giru rurusuhan dangdan saperluna, ku para mojang ditaranya

 

RAMPAK SEKAR MOJANG

JANG ADUN

 

RAMPAK SEKAR MOJANG

JANG ADUN

 

RAMPAK SEKAR MOJANG

JANG ADUN

 

RAMPAK SEKAR MOJANG

JANG ADUN

 

RAMPAK SEKAR MOJANG

JANG ADUN

RAMPAK SEKAR MOJANG

:

:

 

:

:

 

:

:

 

:

:

 

:

:

:

Jang Adun, bendona kamana?

Euleuh yaktos hilap, dianggo nuruban sangu

 

Jang Adun, tarumpahna kamana?

Euleuh yaktos hilap, dianggo maledog anjing

 

Jang Adun, kumisna kamana?

Euleuh yaktos hilap, dianggo sisig ku ema

 

Jang Adun, kerisna kamana?

Euleuh yaktos hilap, dianggo meulahan suluh

 

Jang Adun, kumaha ujang damang?

Euleuh yaktos hilap, pan abdi teh rada…..

Damang (bari tinglaleos nyeungseurikeun jang Adun)

 

 

 

JANG ADUN

 

 

 

 

 

MA ADUN

 

 

 

 

 

 

JANG ADUN

 

 

 

 

 

 

 

 

 

MA ADUN

 

 

JANG ADUN

 

 

 

 

MA ADUN

 

JANG ADUN

 

 

 

MA ADUN

:

 

 

 

 

 

:

 

 

 

 

 

 

:

 

 

 

 

 

 

 

 

 

:

 

 

:

 

 

 

 

:

 

:

 

 

 

:

Ema,…. Ema……

Adun bade mios ka garduh

 

Ema… Ema…

Adun bade manggung,   di kelenteng

 

Aya naon ujang ngageroan Ema.

Euleuh.. mani jiga bapana, nu aya keneh dikieuna

Rek kamana ujang the, rek ka Disco, rek ka Cape

Heueuh sukur ari aya kamajuan mah

Peupeuriheun Ema

Bareto ka night club teh teu sirikna ampir unggal subuh

 

Emaku tersayang….

Adun neda piduana

Rehna cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa

Kaleresan nitih poe Saptu kaliwon

Bulan kolot sareng pihujaneun

Anu mana tiasa berimprovisasi dan berkreasi dina kawengianana

Maka teu aya sanes,

Adun ayeuna bade apel jungjunan

 

Jung diandung pangestu ku mother

Mugi-mugi dina sajeroning apel, Adun tiasa napel

 

Nuhun mother, nuhun..

Nanging supados ulah deudeupeun

Adun teh bade wangsul subuh bae

Mugi mother masihan widi

 

Soal apel ku Ema diidinan, bral geura tandang

 

Saupami kitu, sanes kirang sono

Oge bilih nyangkolong kana waktos

Seja pamit mundur

 

Bral diandung pangestu

 

 

GENDING 5 ……………………………

Jang Adun kaluar pentas, kitu deui Ma Adun.

Ujang asup ka pentas bari surungah serengeh ka unggal jalma nu aya didinya, pasarandog jeung rombongan mojang jeung bujang nu papasangan.

 

RAMPAK SEKAR

UJANG

 

RAMPAK SEKAR

UJANG

 

RAMPAK SEKAR

 

 

 

 

 

 

 

 

 

UJANG

 

 

RAMPAK SEKAR

 

 

UJANG

 

 

RAMPAK SEKAR

:

:

 

:

:

 

:

 

 

 

 

 

 

 

 

 

:

 

 

:

 

 

:

 

 

:

Hey nu rek apel sura seuri

Naon?

 

Hey nu rek apel bangun sieun

Henteu!

 

Enggal, enggal ulah hilap cacandakan

Widadari tos ngantosan, tos nyiapkeun leueuteun

Tuangeun kanggo duaan

 

Enggal, enggal, ulah hilap cacandakan

Oleh-oleh buah ngora, ulah hilap bako tampang

 

Enggal, enggal, bilih sonten kaburitan

Bilih ditodong dijalan, bilih sumping langlayeuseun

 

Moal, moal, abdi oge kinten-kinten

Apel moal barangasan, paling-paling jaipongan

 

Sae, sae, eta hartosna pamuda

Pamuda sareng pamudi, nu aya di alas roban

 

Nuhun, nuhun, abdi atos dielingan

Mugi apel abdi sukses, henteu nguyung ari mulang

 

Mangga, mangga wilujeng nu bade ngungsi

Kade digerebeg Hansip, nyandak surat katerangan

 

GENDING 6 ……………………………

Ujang tatan-tatan rek indit, tapi samemehna “ngaDISCO” heula, dibobotohan kunu araya

 

 

RAMPAK SEKAR

 

 

 

 

 

 

 

UJANG

 

 

RAMPAK SEKAR

 

 

 

 

:

 

 

 

 

 

 

 

:

 

 

:

 

Malam Minggu ….

Malam apel, apel, apel, apel, apel

Dunya rumaja, bercinta

 

Malam Minggu….

Malam panjang, panjang, panjang, panjang, panjang

Dunya rumaja, brang breng brong

 

Lalalalalalalalalalalalala

Nang nunang naning nang nu ninang

 

Dut..dut..dut..dangdut, ko..ko..ko.. Disco

Dutdutdutdut Dangdut, kokoko Disco

Malam Minggu ………

 

GENDING 7 ……………………………

Ujang kaluar Pentas.

Ditengah “perjalanan” tilu pamuda (Pamuda, Ujang, Adun) papanggih tuluy ngarobrol

       

 

PAMUDA

 

ADUN

 

PAMUDA

 

 

 

 

 

 

 

ADUN

 

 

PAMUDA

 

 

ADUN

 

PAMUDA

 

ADUN

 

PAMUDA

 

 

UJANG

 

PAMUDA

 

UJANG

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

PAMUDA

 

 

ADUN

 

 

 

UJANG

:

 

:

 

:

 

 

 

 

 

 

 

:

 

 

:

 

 

:

 

:

 

:

 

:

 

 

:

 

:

 

:

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

:

 

 

:

 

 

 

:

 

Hey bung!, coba pinjam rokonya

 

Sakalian bae atuh jeung pangenyotna

 

Nu mawi nembe diservis

Janten teu tiasa dianggo sambarangan

……………………………………

Hey, ngomong-ngomong

Bade kamana beliau teh

Hebat mani ginding kitu

Sareng seungit odorono

 

Ah henteu…. Bade kadinya

Ka bumina pa Ibro

 

Apa beliau bilang, pa Ibro

Siapa sih pa Ibro itu?

 

Oh pa Ibro….. Wargiiiii

 

Alhamdulillah

 

Geuning… nganggo renghap ranjug sagala

 

Ah engga… kita juga sama-sama wargiiiii

 

(Si Ujang ngaliwat kahareupeun nu keur ngobrol)

Punten aden, ngiring ngalangkung

 

Hey! Bade kamana rurusuhan?

 

Nuhun aden enggal ditaros

Anu mawi leumpang peuting

Seja nyusur bentang di langit anu baranang

Kaleresan panon poe tunggang gunung

Hurung mancur kadia kunang-kunangan

Mancur kadia air mancur…

Atuh salajengna seja nyusul tepus

Napak tilas lalampahan sababaraha abad katukang

Sapertos kauninga apan… Adam sareng Hawa sparantos nuang buah simalakama teras ngoprot kesang

Mangkaning harita teu acan aya PPO . . . . . .

 

Eiit, … Boy nanti dulu…

Soalnya… si.. si… kon, belum menguntungkan

 

Dan lagi, simpul punya simpul

Andika teh urang mana nu ti mana, jeung rek kamana

Pok pek jawab

 

Bade kadinya aden, bade kawargi

Mangga atuh (euleuh-euleuh)

Dilangkungan (euleuh-euleuh)

 

 

GENDING 8 ……………………………

Di imah pa Ibro keur julang jeleng ninggali kalakuan anakna (Neng Jimi), sabab pa Ibro geus apal lamun malem Minggu sok datang semah ka anakna rek ngapelan.

 

 

PA IBRO

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

RAMPAK GROUP

PA IBRO

 

 

RAMPAK GROUP

PA IBRO

:

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

:

:

 

 

:

:

Boga anak awewe sasiki

Tapi bandel leuwih ti lalaki

 

Kahayangna teu beunang dipungpang

Keukeuh pageuh keras gurat batu

Paribasa hirup meungpeung ngora

Hayang bebas lalugina

 

Ari kolot mikir enggeus lain

Bakat nyaah mikaheman

Inggis kitu inggis kieu

Tapi anak teu beunang dicarek

 

Rek dicarek da puguh awewe

Can nanaon enggeus luwa lewe

Katambahan ku sipat indungna

Sok ngahalang mangmeunangkeun bae

 

Pusing, pusing, pusing, pusing

Unggal poe jadi rungsing

Ngadak-ngadak darah tinggi

 

Keuheul, keuheul, keuheul, keuheul

Aduh bati handeueul

 

GENDING 9 ……………………………

Pa Ibro kaluar pentas bari jamedud, pasarandog jeung pamajikanana (bu Ibro) anu keur gumbira pedah anakna geus boga kabogoh..

       

 

BU IBRO

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

RAMPAK GROUP

 

BU IBRO

 

 

RAMPAK GROUP

BU IBRO

RAMPAK GROUP

BU IBRO

 

 

BU IBRO

:

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

:

 

:

 

 

:

:

:

:

 

 

:

Aduh-aduh bungah teuing hate

Si nyai teh geuning geus gede

Aduh-aduh bungah teuing hate

Si nyai teh duh rupana hade

 

Nu mahugi, nu mahugi, kabeh totomplokan

Anu mawa roko, anu mawa baso

Unggal poe daratang nu mikahayang

 

Prang pring alah prang pring

Nu daratang kudu disuguhan

Prang pring alah prang pring

Keur balanja kaceot beakeun

 

 

Pilih atuh pilih

Kabeh oge karasep taregep

Pilih anu itu pilih anu ieu

Hal eta mah, masrahkeun kuma si nyai

 

Jauh-jauh neang-neang pieunteupeun

Susuganan milikna si nyai

Jauh-jauh mikir boga incu

Nelengnelengnengkung, nelengnelengnengkung

Nunang-naning nunang nuninang

 

Gan ari jadi indung

Henteu weleh ngaping beurang peuting

Gan ari jadi indung

Tetep tabah mikiran kapusing

 

GENDING 10 …………………………

Sabada bu Ibro ngaleos ka tukang, neng Jimi beberes tempat bari nyadiakeun cikopi jeung opieunana, tuluy ngareret jam , lunga lengo kaluar, elekesekeng ngadago nu rek datang.

 

BU IBRO

 

 

 

 

 

 

 

RAMPAK GROUP

:

 

 

 

 

 

 

 

:

Cisoca abdi saksina, yen abdi lana satia

Duh… yen abdi lana satia

Diantosan siang wengi, abdi tetep nganti-nganti

Dih … abdi tetep nganti-nganti

Enggal atuh geura sumping

Nuhun bari cacandakan jungjunan

Sok enggal mun geura sumping

 

Aduh aduh ny ngantosan

Luak-lieuk hayang tepang, elekesekeng

Aduh aduh nu ngantosan

Acuk sae seungit kembang, supados anteng

……………. Antarlina ……………

 

DIALOG DI IMAH PA IBRO, BAGIAN-BAGIAN OBROLAN AYA AKSEN GENDING JEUNG PIRIGAN LAGU

 

PA IBRO

 

NENG JIMI

 

PA IBRO

 

NENG JIMI

 

PA IBRO

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

NENG JIMI

 

 

PA IBRO

 

 

NENG JIMI

 

 

PA IBRO

 

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

NENG JIMI

 

BU IBRO

 

 

 

 

NENG JIMI

 

BU IBRO

 

 

 

PA IBRO

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

BU IBRO

 

NENG JIMI

 

 

 

 

PA IBRO

 

 

 

NENG JIMI

 

BU IBRO

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

 

:

 

:

 

:

 

 

:

 

 

:

 

 

:

 

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

 

 

 

:

 

:

 

 

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

 

:

 

:

 

:

 

:

 

 

 

 

:

 

 

 

:

 

:

 

Jim… Jimi…., mana cikopina

 

Naon Pa?

 

Cikopi!

 

Apan eta!

 

Aeh heueeuh!….. Ari …………?

 

Aya naon pa ka si nyai?

 

Ah.. henteu….

 

Sanes bapana, kumaha atuh perkara si nyai teh?

 

Bapa mah moal mere pilihan, teu teu satuju

Pokona daek sukur henteu kudu

 

Kumaha mun si nyaina maksa

 

Ulah sambat kaniaya disiksa jeung kabogohna

 

Dunya cinta bapa, dunya cumantelna hate

Dunya cinta bapa, teu kahalang ku panyiksa

 

Eduuun, dunya cinta jadi dalil, dunya cinta jadi ekol

Hayang burindil, hayang ngajendil.

 

Rupina demi diri demi jangji

Demi rasa demi cinta, sukalilah pek teh teuing

 

Alah cinta murahan, cinta buah loa

Najan weureu dilakonan

 

Ke… ke… ke heula, kumaha tadi teh pa?

 

Ngajendil,…. Burindil….

 

Bener eta teh nyai, akur pisan

 

Tuh pan akur pisan

 

Akur, kumaha tea ieu teh?

 

Kieu geura nyai…..

Ari ras jaman kapungkur, aya waas aya kelar

Emut ka hiji jajaka, anu keyeng mikacinta

Waktu cintana ditolak, harita keneh ngelepek…

 

Deudeuh teuing…….

 

Hiiih… ari si nyai

Teu emutna tilu minggu, jaba sasar

Thobat…tobat.. jiga Rahwana

 

Tah dengekeun nyai, lalakon indung maneh

 

Puguh lalakon bapa maneh

 

Geuning daek?

 

Daek we da sieun dikadek

 

Montong nyindiran,

Harita mah mamawa bedog soteh rek ngala suluh

 

Geuning ngudag-ngudag abdi

 

Bedog… dibebed ambeh ngajedog

 

Cinta kuya, cintana loba mamaksa

 

Pa..pa… nyuhunkeun pengertianana

Cinta abdi ka kang Ujang, lir ibarat Srikandi ka Arjuna

Cinta kang Ujang ka abdi, lir ibarat Dewa Rama ka Dewi Sinta

 

Heuheuy deudeuh…. Kuriak kasasar di alas roban, minantuan panayagan…. Si Ujang tukang babaung…

Gengsi dong……

 

Ibuuu…

 

Sabar nyai sabar

 

UJANG DATANG NGETROKAN PANTO JEUNG PUPUNTENAN

 

UJANG

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

NENG JIMI

PA IBRO

NENG JIMI

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

UJANG

NENG JIMI

UJANG

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

UJANG

NENG JIMI

BU IBRO

UJANG

PA IBRO

BU IBRO

PA IBRO

BU IBRO

PA IBRO

BU IBRO

PA IBRO

BU IBRO

UJANG

PA IBRO

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

:

Punten… punten…

Saha di luar?

Abdi… Ujang

Tah geuning mangkelukna, rasakeun siah…

Wios bapa ku abdi

Ke heula bisi bangsat

Sanes bapa, sanes… Sidik soanten kang Ujang

Euh mani hejo… ngajedog… halik bagean bapa

Punten…

Heueuh mangga ceuk dewek ge

Aeh bapa… aeh Ibu… eueluh Nyai, damang Nyi…

Sae kang Ujang

Dupi….

Rek naon kadieu… rek ocon?

Teu acan…

Arek nya siah arek

Manawi pareng

Surup!… naon eta?

Bandrosss

Teu beuki

Sawios kanggo nyai

Teu meunang

Sawios kanggo ucing

Nyaho henteu, Pan gelo ari nu keiu mah

Cekap we sakieu mah

Nuhun kang ujang

Nuhun cep ujang, nuhun

Sawangsulna nyai, sawangsulna ibu.. sawangsulna bapa

Teu di dieu mah

Pa itu tuangeun tos sayogi

Can hayang

Sanguna haneut, sambelna lada, aya lalab peuteuy

Teu beuki… teu beuki

Aya daging hayam, pais lauk, goreng lele.., pais kizu

Teu .. teu.. teu beuki

Nya kazeun….Cep ujang hayu atuh urang tuang

Mangga…

Ke heula dewek ge acan

 

JANG ADUN TUMOROJOG TEU TATA TITI, KATINGALIEUN KU NENG JIMI TULUY DIPAPAG

 

NENG JIMI

PA IBRO

 

ADUN

BU IBRO

ADUN

PA IBRO

 

BU IBRO

ADUN

PA IBRO

UJANG

PA IBRO

 

ADUN

PA IBRO

NENG JIMI

PA IBRO

UJANG

BU IBRO

PA IBRO

BU IBRO

 

 

 

UJANG

BU IBRO

 

 

PA IBRO

BU IBRO

 

PA IBRO

ADUN

BU IBRO

 

NENG JIMI

BU IBRO

 

:

:

 

:

:

:

:

 

:

:

:

:

:

 

:

:

:

:

:

:

:

:

 

 

 

:

:

 

 

:

:

 

:

:

:

 

:

:

 

Aeh geuning kang Adun, mangga linggih

Geus nu anyar deui wae, nu ieu can anggeus disetel, geus datang nu gehel.

Kumaha pa, saha nu sebel

Haturan jang Adun

Euleuh geuning yaktos, kapan abdi ujang edun

Nun Gusti… na naon dosa abdi

Boga anak awewe sasiki, mani hejo ka lalaki

Meungpeung ngariung, kumaha lamun urang tuang

Euleuh geuning yaktos, kapan abdi peurih beuteung

Eladala, sia teh manusa atawa kuya?

Sanes wargiii

Ngajedog siah, maneh teh nyindiran

Pedah kami teu beuki daging…. Eta saha…

Abdi?

Lain ka sia kuya!

Amit..amit kang Adun

Lain amit amit deuleu, nu kieu mah kudu didinamit

Deudeuh wargiii

Bapa..bapa…

Lain anak maneh mah

Enya lain….

Yeuh ceuk kami oge, urusan barudak mah pasrahkeun ka maranehna. Maranehna teh geus darewasa, geus sawawa pikeun nangtukeun pilihanana, anu penting mah asal ulah

Ka wargii we nya bu…

Ngajedog… ieu teh urusan dines

Goreng-goreng ge ieu teh kolot,

cing sing sopan saeutik…

Ma…ma….

Lain anak maneh mah

Rek naon mumu mama… ngomong

Lain ngajakan dahar tadi teh?

Euleuh leres hilap……………

Disebut kuya leuheung keneh maneh the, hayang barang dahar…

Ema .. sing emut

Ke heula nyai kagog, bisi pajarkeun ema teu modern.

Ieuh pantesna oge indungna nu kudu ambek, sabab mun teu ambek sok nyeri suku

 

PAMUDA ASUP SIGA DI IMAHNA SORANGAN TULUY NYARITA KANU ARAYA

 

PAMUDA

 

 

 

 

 

NENG JIMI

 

 

 

PAMUDA

 

 

NENG JIMI

 

ADUN

UJANG

 

NENG JIMI

 

PAMUDA

 

UJANG

 

 

 

 

NENG JIMI

 

PA IBRO

 

NENG JIMI

 

PA IBRO

 

BU IBRO

 

PA IBRO

 

ADUN

 

NENG JIMI

 

:

 

 

 

 

 

:

 

 

 

:

 

 

:

 

:

:

 

:

 

:

 

:

 

 

 

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

:

 

 

 

 

 

 

Aeh… geuning seuuer tamu, kumaha daramang?

Har ..ari abdi calik dimana nya?

Bade disuguhan moal… Neng Jimi…..sini….

Halo boy parantos lami…. Ieu wargi Jimi nya?

Halo Bu… halo Pa….

 

Punten pa, punten Bu.. ayeuna bagian abdi

Ieuh atuh cing sopan jeung sing inget

Kapan geus dibejaan, malem Minggu ayeuna ulah datang

 

Harrr.. apan ulah soteh jam tujuh

Akang mah kasubuhnakeun

 

Gila lu emangnya kami teh cewe murahan

 

Euleuh geuing bendu, eta soca ampir coplok

Ngajedog wargiii

 

Sok… sok rek naon deui

 

Biasana ari nu apel, kumaha?

 

Kieu yeuh ari nu apel mah

Pasukan disiapkan, laporan komandan upacara, penaikan bendera, mengheningkan cipta, terus sasalaman… tuluy dahar….

 

Sugan sarua geblegna

 

Nyai..ulah teuas teuas teuing

 

Abdi teh sanes barang hipu bapa

 

Enya bapa ge nyaho ti ema

 

Teu teu rumasa didieu mah

 

Rarasaan bapa ieu mah

 

Muhun nya pa, raraosan ka wargiiii

 

Wargi deui wargi deui

Pa… ma…. Keun antep.. tong disanghareupan…

Kaluar kabeh kaluar

Mun teu daek kaluar

Kajeun kami nu kaluar

GENDING PANUTUP

Pa Ibro jeung Bu Ibro naringalkeun tempat. Neng Jimi pada marebutkeun rek dipenta kaputusan. Pa ibro balik deui, ninggali anakna diparebutkan tuluy mesat bedog. Ujang, Adun jeung Pamuda lalumpatan

       

 

 Bandung, 7 September 2004