RAMPAK
KAPTEN MATROS KAPTEN MATROS KAPTEN MATROS KAPTEN MATROS KAPTEN KAPTEN/MATROS |
:
: : : : : : : : : :
|
Samudra
Naskah miwah Gending Mang Koko Drama miwah Acting Kos Warnika Pagelaran Komedi Scenario Fantasi Mangga gogonjakan sareng matros SMKI |
MATROS-MATROS MASUK PENTAS DENGAN LANGKAH DAN GERAK SEIRAMA GENDING
MATROS-MATROS |
: |
Pahlawan Samudra Binekas DigjayaNgagem pancen mulya balayar ngambah sagara Teu lewang haringhang ngangkleung tegang kadang Sikeup teuneung ludeung nempuh ombak nu rohaka
Hampang himping miang pantrang honcewang Nyebrang anggang teu ringrang lewang di sorang Wanda nu micinta samudra Ombak ngeumbing dipandang panyinglar brangta
Langit lenglang bentang baranang Angin rintih bulan caang Ringkang hampang keur pahlawan samudra Ngumbar cipta ngareka rasa gumbira
Rambatirata rambatirata rambatirata Rampak ragem rereongan |
KAPTEN DATANG SAMBIL MEMERIKSA MATROS MATROS DAN IKUT BERGABUNG
KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS
KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN MATROS MATROS KAPTEN/MATROS |
:
: |
Pahlawan Samudra Siap Binekas digjaya Bagja Ngemban pancen mulya balayar ngambah sagara ( ga ga ga ra …Hip ho ) Teu lewang haringhang Bingbang Ngangkleung tegang kadang Hampang Sikep teunenung ludeung nempuh ombak nu rohaka (ha ha ha ka )
Hampang himping Tebih ti kulawarga Tapi poma waspada kana gogoda Abdi taat satia Awas cunduk ka palabuan Pada gaduh acara sewang-sewangan Pacuan poho kulawarga Meungpeung tebih suka-suka Ringkang hampang Peuting di tabur bentang Hayu pada galumbira senang-senang
Pahlawan Samudra binekas digjaya Ngemban pancen mulya balayar ngambah sagara Teu lewang haringhang ngangkleung tegang kadang Sikep teuneung ludeung nempuh ombak nu rohaka |
KAPTEN PERGI NAMUN TIDAK LAMA DATANG LAGI UNTUK MENYAMPAIKAN BERITA KEPADA MATROS MATROS
KAPTEN
MATROS MATROS
KAPTEN
MATROS MATROS
KAPTEN |
:
:
:
:
: |
Perhatian untuk segenap kelasi Kapal kita menuju laut yang keji Penuh dengan bahya dan malapetaka Semua waspada bekerja berhati-hati
Menghadapi cuaca yang tidak tenang Angin topan pasti segera mendatang Ombak halilintar kita jangan gentar Ke masing-masing pos bersiap untuk berjuang
Iklas rela ngorbankeun tanaga Nebus tugas bebela satia
Tak lupa bahaya yang harus dihindarkan Sebentar tertuju laut Hindia Selatan
Soson soson sumeja babakti Prentah kapten diturut gumati
Segera menjaga membela keselamatan Mengarungi laut yang penuh bahaya topan |
KAPTEN PERGI MENINGGALKAN MATROS-MATROS, MEREKA MERAGUKAN KABAR YANG DISAMPAIKAN KAPTEN
MATROS 1 MATROS MATROS MATROS 2 MATROS MATROS
MATROS MATROS MATROS 3
MATROS MATROS |
: : : :
: :
: |
Pajar rek datang topan piraku Ha ha ha ha Sumedeng caang bulan mustahil Ha ha ha ha
Bohong bohong sangkan bangreung haringhang Tong lewang salempang mending ge senang-senang
Pahlawan Samudra binekas digjaya Ngemban pancen mulya balayar ngambah sagara Teu lewang haringhang ngangkleung tegang kadang Sikep teuneung ludeung nempuh ombak nu rohaka
Ngangkleung (ngangkleung daweung teuneung ludeung) Gedong sigrong tengah laut (ngambang) Seger hegar pangeusina (senang) Sempal guyon gogonjakan (Tarik jangkar beber layar hegar kelar)
Ngangkleung (ngangkleung daweung teuneung ludeung) Kaombak-ombak di laut (bersih) Kagasir-gasir ku angin (rintih) Halon jongjon kapal jalan
Kapal ngambah jaladri juru mudi taliti Ati-ati taliti pantrang bingbang Pareng hujan silantang pareng ombak ngahadang Angin topan narajang kapal goyang (ngangkleung daweung teuneung ludeung ngambang nganclang teu ringrang, Deuh…) Diayun-ayun ku ombak ayem Dieyong-eyong ku angin, temtrem Kapal moyeg lalaunan |
TIBA TIBA TERDENGAR BUNYI PETIR LALU DATANG ANGIN TOPAN DAN HUJAN LEBAT, MATROS PANIK MENYELAMATKAN DIRI SENDIRI DAN BARANG-BARANG PRIBADI. SETELAH AGAK REDA KAPTEN DATANG MELIHAT DENGAN GERAM KEPADA MATROS MATROS YANG LEBIH MEMENTINGKAN DIRI SENDIRI. KAPTEN MARAH SEKALI
KAPTEN MATROS 1,2 KAPTEN
MATROS 1,2 KAPTEN MATROS 1,2
KAPTEN MATROS 3,4 KAPTEN
MATROS 3,4 KAPTEN MATROS 3,4
KAPTEN MATROS 5,6 KAPTEN
MATROS 5,6 KAPTEN MATROS 5,6
KAPTEN MATROS 7,8 KAPTEN
MATROS 7,8 KAPTEN MATROS 7,8
|
: : :
: : :
: : :
: : :
: : :
: : :
: : :
: : :
|
Hey marisini you pengecut Siap Kamu ini tidak mengindahkan printah Instruksiku dibuang seperti sampah Hingga aku berpendapat Pasti kamu dapat onslah tidak hormat
Abdi isin sareng inggis Ah ssadap pura-pura mau nangis Abdi abdi abdi kasima Ninggal ninggal ninggal bahaya Keur tagiwur lumpat sakalumpat lampet Ninggal barang patulayah paburaset Banda abdi ti pun Nini Dibuntel ku dasi rek dibawa ngungsi Hey mari sini you penjilat Siap Kamu kerja seperti tidak digajih Utang kamu tidak pernah aku tagih Disiplinmu tak terlihat Pangkat kamu diturunkan dua tingkat
Neda agung sihak sami Ah ssadap kamu rewel banyak jangji Emut emut kana babandan Ieu ieu koper pakean Koper abdi sok inggis henteu kapuluk Eusi metet ku panganggo kenging nganjuk Topan kejem kapal karem Ieu koper pakean tiasa katulungan
Hey mari sini you penghianat Siap Kamu sumpah akan disiplin selalu Kamu nipu menjual sumpah yang palsu Ombak reda baru muncul ingat nanti macam kamu aku ritool
Aduh ampun nampi lepat Ach ssadap memang kamu ahli jilat Banda banda banda nu abdi Ieu ieu wungkul kacapi Kapan abdi kawentar pasinden ulung Ngagaduhan kacapi kenging pupulung Laut motah abdi pasrah Batur kekesangan abdi kakawihan
Hey just come here you pemberontak Siap Kamu kerja seperti dirumah saja Kamu anggap aku seperti mitoha Waktu tugas kamu lari Sibuk ngatur kekayaanmu sendiri
Neda jembar pangampura Ach ssadap aku bosan mendengarnya Nyungkeun nyungkeun hapunten Abdi abdi lapar teu kinten Nyanyautan nyeri huntu ti kamari Katedaan disimpen dina pipiti Dongkap topan abdi rempan Emut beuteung lapar maksad bade dahar |
KAPTEN PERGI MENINGGALKAN MATROS SAMBIL BERSUNGUT-SUNGUT, MATROS-MATROS MENUNDUK DAN WAJAH MEREKA SEDIH RASANYA INGIN PULANG
MATROS 1 MATROS MATROS MATROS 2 MATROS MATROS MATROS 3 MATROS MATROS MATROS 4 MATROS MATROS
MATROS MATROS
MATROS MATROS
MATROS MATROS |
: : : : : : : :
:
:
: |
Yu rang kabur Ah sieun paeh ti kecebur Mending pundung sakalian Da moal aya nu ngupahan Urang mogog tong dahar Sieun leuleus beuteung lapar Kapten rempug ku kabeh Dina gelut sieun eleh
Kaduhung nungtun wuyung (kapahung ngahurun balung katulang kapegung) Rek pundung kapegung kaduhung wuwuh bingung (kaduhung nguyung dikepung kabingung kapahung)
Rek balik balik kamana da puguh tengah sagara Rek menta menta ka saha da puguh euweuh baraya
|
KAPTEN DATANG, MATROS MATROS SIAP MENGATUR BARISAN UNTUK MENDENGARKAN PERINTAH KAPTEN
KAPTEN
MATROS MATROS
KAPTEN MATROS MATROS
KAPTEN MATROS MATROS
|
:
:
: :
: :
|
Perhatian bagi kamu sekalian Kita sampai di laut yang tidak aman Penuh bajak laut bikin kalang kabut Mereka merampok dan merampas kekayaan
Bajak laut tak kenal prikemanusiaan Yang melawan di gasak habis-habisan Bersikap waspada peganglah senjata Bersiap sedia menghadapi pertempuran
Ati ati sayagi tarapti Teuneung ludeung bebela gumati
Perhatian, peringatan jangan mempermainkan Ti kapungkur oge abdi mah sok bibilasan Ati ati saliring dumadi Sepak terjang ka bapa gumati Penipu, pembohong tabiatmu selalu Ayeuna mah insyap parentah bade digugu |
KAPTEN PERGI MEMPERSIAPKAN DIRI, MATROS MATROS PURA PURA BERSIAP-SIAP TAPI SEPERTI BIASA MEREKA TIDAK MEMPERCAYAI BERITA YANG DISAMPAIKAN KAPTEN
MATROS 1 MATROS MATROS MATROS 2 MATROS MATROS
MATROS 3 MATROS MATROS |
: : : :
: :
:
|
Bajak laut rek nyerbu piraku Ha ha ha Henteu perlu digugu sok nipu Heu heu heuy deuh Bohong bohong sangkan bangreung haringhang Tong lewang salempang Mending ge senang-senang
Pahlawan Samudra binekas digjaya Ngemban pancen mulya balayar ngambah sagara Teu lewang haringhang ngangkleung tegang kadang Sikep teuneung ludeung nempuh ombak nu rohaka |
BAJAK LAUT DATANG DAN MENGANCAM MATROS MATROS DENGAN GOLOK DAN PISAU. MATROS MATROS KETAKUTAN
BAJAK LAUT |
: |
Untung kita sekarang Tuh numpuk barang-barang Yang menjaganya mojang Mojang mata keranjang .. jihoy
Mojang ayu dan manis Lirik mata romantis Nampak sangat meringgis Sebentar lagi nangis…..wow
Mari kita bergerak Angkut barang serentak Yang melawan berontak Kita tembak dan gasak,..hands up |
SEMUA BARANG YANG ADA DIANGKUT OLEH BAJAK LAUT NAMUN TIDAK TERBAWA SEMUA KARENA SALAH SEORANG BAJAK LAUT MEMEGANG SENJATA PISTOL YANG DITODONGKAN KE MATROS MATROS.
MATROS 1 BAJAK LAUT MATROS 1 BAJAK LAUT MATROS 1 |
: : : : : |
Na ieu teu dibawa bet poho Lebih dari maksimum Padahal masih bisa ngan bodo Akalna kumahakeun Eta pestol tong dicecekel bae Titipkeun ka kuring anggap barang pihape |
BAJAK LAUT BERPIKIR DAN MEMPERTIMBANGKAN SARAN YANG DIKEMUKAKAN MATROS-MATROS
MATROS MATROS BAJAK LAUT MATROS MATROS BAJAK LAUT 1
MATROS MATROS
|
: : : :
: |
Tong lila-lila mikir sing pangger Kan masih kalang kabut Piraku teu kapikir pan pinter Boleh deh aku turut Ini pistol kutitipkan padamu Tuh barang berharga kini jadi milikku
Hey tunda babawaan gerak Tong ngalawan kuriak engke ditembak Hey balik kanan gerak Kulit lestreng beungeutna miyuni ruhak
Satu dua tiga ngaku jadi jalma Rucah jeung awuntah tabeat lir euwah euwah Satu dua tiga pantes ka patutna Babadog rarampog modalna pestol jeung bedog |
BAJAK LAUT KETAKUTAN, APALAGI SEMUA SENJATA TELAH DIRAMPAS OLEH MATROS MATROS
MATROS MATROS |
: |
Siap terus jongkok gerak Bari nagog leungeuna dikahareupkeun Siap maju jalan gerak Tu dua geura mantog sing jauh moal deudeupeun |
GENDING PANUTUP