RAJA PATI

Ahmad Bakri

 

ADEGAN 1

EMEH asup ngelek baskom wadah seuseuheun, Taya sasaha. Kadenge di luar kohkol ditihtirkeun ti kajauhan.

DARMA pasemon nguyung – asup diiringkeun ku LURAH. Diuk meubeutkeun maneh kana korsi bari ngarahuh.

 

LURAH        : Wayahna, Emo, sing sabar…ulah aral…papasten Anu Kawasa…Dungakeun anggur……..Ijah sing meunang rahmat Pangeran.

 

DARMA       : (ngarahuh) Duh Gusti…Deudeuh…Ijah…mangkaning keur kakandungan…Panasaran…Pa Lurah…hayang kapanggih mayitna….(meungpeun ku dua leungeun)

 

LURAH        : Muga-muga wae atuh…Pan keur ditareangan….Piraku sugan….

 

ADEGAN 2

KUWU asup diiringkeun ku KULISI. Kuwu jeung Kulisi dariuk

 

KUWU         : Tah geuning Lurah aya di dieu…Kumaha ieu teh…kumaha mimitina..?

 

LURAH        : Nyi Ijah…bojona Darma…aya nu mergasa…..

 

KUWU         : Lain palid…?

 

LURAH        : Sumuhun… nanging dipergasa heula… teras dipalidkeun….

 

KUWU         : Masya Alloh…Cik caritakeun ti mimitina…!

 

LURAH        : Tadi wanci haneut moyan… Nyi Ijah nyeuseuh di Cigede…..

 

KUWU         : Nu mana tea atuh… Nyi Ijah teh…?

 

LURAH        : Ieu bojona Darma….

 

KUWU         : (morongos) Heueuh…nyaho…nyaho…! Ngan jelemana teu apal

 

LURAH        : Eta lah…nu alit-alit hideung santen…

 

KUWU         : (nepak pingping) Euh…heueuh…inget geus dibejakeun hideung santenna mah…! Kempot lain pipina teh…?

 

LURAH        : Sumuhun…

 

KUWU         : Heueuh…bener…bener…kempot…Kumaha tuluyna…?

 

LURAH        : Dugi ka siang teu wangsul…Disusulan ku eta…Si Emeh…kasampak seuseuhanana wae nambru…Getih ucrat-acret…dina batu…dina seuseuheun…

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) Tetela aya nu mergasa…Can kapanggih mayitna…?

 

LURAH        : Nuju ditareuleuman…diluluguan ku Lebe…

 

KUWU         : Naon kira-kirana nu jadi alatan…? Saha nu babarengan nyeuseuh harita…?

 

LURAH        : Duka…Sugan maneh nyaho, Emeh…?

 

EMEH         : (nyelang cengkat) Wartosna mah sareng Nyi Icih…

 

KUWU         : Tah geuning…Teang Si Icih…Kulisi…!

 

KULISI INDIT

 

DARMA       : (cengkat, malik ka Si Emeh) Si Icih….? Enya jeung Si Icih ?

 

EMEH         : Muhun…wartosna mah…

 

DARMA       : Moal salah…tetela ku si eta…!

 

KUWU         : (ngarenjag kaget) Ari kitu…?

 

DARMA       : Si Icih teh popotongan abdi…maru pun bojo…Sirikeun eta teh, Pa Kuwu!

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) Tetela…Tewak wae enggeus…Si Icih…!

 

LURAH        : (gogodeg) Teu sangka ku Si Icih…nepi ka kitu…

 

ADEGAN 3

ICIH asup diringkeun ku Kulisi

 

KUWU         : Ka dieu…Icih…geuwat!

 

ICIH            : Aya naon….Pa Kuwu….asa rareuwas…?

 

KUWU         : (morongos) Tong api-api…siah..! Nyi Ijah dikumahakeun ku sia?

 

ICIH            : (olohok..bengong) Hih…duka…atuh..teu terang abdi mah.

 

KUWU         : (nyentak) Bohong siah…!

 

ICIH            : (bari dodogengan) Daek medu…tah..daek dibentar ku gelap!

 

KUWU         : Yeuh…sia teh…Icih…katindih ku kari-kari katinggang ku darigama…deuleu! Lain babarengan nyeuseuh sia teh tadi jeung Nyi Ijah…?

 

ICIH            : Muhun…tapi teu lami…Abdi mah wangsul ti payun…Naha make nuding ka abdi…?

 

DARMA       : (ngorejat nangtung) Maneh teh sirik deuleu…ka kami jeung pamajikan kami…!

 

ICIH            : (nurutan ngorejat nangtung) Naon…? Sirik…? Sirik ku naon?

 

DARMA       : Pedah ditalak…! Pedah kami kawin deui ka nu sejen!

 

ICIH            : Eueueueuh…kutan kitu…? Kuring mah lesaaaang, kulan, lesang…Malah atoh ditalak teh…(ngabalieur) Naon dipihukum ku nu kumed…! Nyiuk beas ge ku sorangan…Teueueu…teu sarak teu sirik…jel teh teuing…! Pisalakieun geus nyantong…leuwih kasep, leuwih gagah…!

 

LURAH        : (morongos) Nanaonan nyaneh teh, Icih…?

 

ICIH            : (tidogeng-dogeng) Caduuuuu…deuleu, cadu daek deui dipihukum ku nu kitu patut…! Popotongan balatak di mana-mana…! Paliaaaas…deuleu…haram, boro-boro sirik!

 

KUWU         : (molohok) Ke…ke…ke…bet loslos ka dinya…!

 

ICIH            : (ngabalieur) Sebel tuda…!

 

KUWU         : (kereng) Nyi Ijah dipergasa ku maneh…! Enya…?

 

ICIH            : (tidogeng-dogeng) Daek dicekeeeeek…Pa Kuwu…!

 

KUWU         : (ngahaok) Kami mah teu rek cukak-ceke…!

 

ICIH            : Daek dicekek teteloooo…daek..daek…! Teu rumasa!

 

LURAH        : (morongos) Gandeng siah…! Tong sagala daek teuing..!

 

ICIH            : (morongos ka Lurah) Teu suka dituding-tuding…dipitenah!

 

KUWU         : Heueuh…da euweuh deui nu seje…iawal ti maneh nu babarengan harita…!

 

ICIH            : Aya…! Basa abdi wangsul teh…Nyi Odah nyeuseuh keneh sareng Nyi Ijah…!

 

KUWU         : Enya…? Bener…?

 

ICIH            : Daek medu…tah…daek…

 

LURAH        : Geus…geus…geus…tong daek deui-daek deui…palalaur

 

KUWU         : (ngalieuk ka Kulisi) Teang Si Odah…Kulisi!

 

KULISI INDIT

 

DARMA       : (ngareret ka Si Icih) Enya Si Odah…., Icih?

 

ICIH            : (ngadelek baeud) Nyao…ah! Teu hayang ngomong jeung nu kitu!

 

DARMA       : (ngareret ka Kuwu) Moal lepat…Pa Kuwu…!

 

KUWU         : (curinghak) Ari kitu…? Aya patula-patalina…?

 

DARMA       : (ngarahuh) Si Odah teh urut kabogoh abdi….

 

ICIH            : (nambalang) Tah dangukeun, Pa Kuwu….! Geus pok deui kana kabogoh…! Balataaaaak…Pa Kuwu…balatak..! beak mangkeluk…monyet ge dikorehan…sigana!

 

LURAH        : Gandeng…siah, gandeng! Nambalang-nambalang wae!

 

ICIH            : (ngadelek jamedud) Sebel…tuda, sebel…sebel…!

 

KUWU         : (malik ka Darma) Kumaha tuluyna, Darma…?

 

DARMA       : (rungah-ringeuh) Naon tea…Pa Kuwu…?

 

KUWU         : (rada morongos) Heueuh tadi…….urut kabogoh teh…kumaha?

 

DARMA       : Sapruk-prukeun kawin…nanging….

 

KUWU         : Nanging kumaha…?

 

DARMA       : Abdi kawin ka Ijah…Moal lepat sirikeun…Pantes rek luluasan oge…

 

KUWU         : (ngareret ka Lurah) Heueuh nya…keuna pisan…

 

LURAH        : (gogodeg) Teu sangka ku Si Odah…nepi ka kitu…

 

ADEGAN 4

ODAH asup diiringkeun ku Kulisi.

KUWU         : Ka dieu, Odah…! Tah diuk di dinya…! Pindah maneh, Icih…!

 

ODAH         : (ngaringeuh neuteup ka Kuwu) Aya naon nyaur abdi…Pa Kuwu…?

 

KUWU         : (mureleng) Rumasa maneh babarengan nyeuseuh jeung Nyi Ijah…?

 

ODAH         : Rumaos…

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) Tah kitu…tong hararese…!

 

LURAH        : (pipilueun) Heueuh…Odah, tong hararese…!

 

ODAH         : (ngareret ka Lurah) Naon tong hararese teh…?

 

LURAH        : (ngelemes) Heueuh…kitu…

 

KUWU         : (morongos ka Lurah) Cicing, Lurah…tong ngagokan…! Tuh…poho deui weh…! Lebah mana tadi teh, Odah?

 

ODAH         : Lebah…batu gede…!

 

KUWU         : (ngarenjag) Hah…? Batu gede…? Naon batu gede teh…?

 

ODAH         : Abdi nyeuseuh…lebah batu gede….!

 

KUWU         : (ngarenghap) Tah geuning…ngaku sorangan…Nanyakeun soteh…kami ngomong lebah mana…? Rumasa nya maneh teh babarengan nyeuseuh jeung Nyi Ijah?

 

ODAH         : Rumaos…sanggem abdi ge…

 

KUWU         : Tah…bener…bener…Tuluy dikumahakeun ku maneh teh?

 

ODAH         : Teras dipoekeun…..

 

KUWU         : (ngarenjag..olohok) Hah…? Dipoekeun…? Naon nu dipoekeun teh…?

 

ODAH         : Seuseuhan….

 

LURAH        : (nungkup sungut) Hi….hi….hi….hi….

 

KUWU         : (morongos ka Lurah) Cicing, Lurah…montong ngagokan!

 

LURAH        : Teu nanaon abdi mah…seuri….

 

KUWU         : (jengkel) Montong seuri…!

 

ODAH jeung ICIH ngalalieus bari nungkup sungut.

 

KUWU         : Tong pipilueun seuri siah…Odah…! Teu pupuguh loslos kana seuseuhan! Lain nanyakeun seuseuhan kami mah…?

 

ODAH         : (olohok) Haaaar…na mariksakeun naon atuh…?

 

KUWU         : (morongos) Maneh nyaho Nyi Ijah aya nu mergasa…?

 

ODAH         : Terang…wartosna…

 

DARMA       : (morongos) Montong hararese siah, Odah…! Aku buru-buru!

 

ODAH         : (malik morongos) Naon nu kudu diaku teh…? Naon…?

 

DARMA       : (ngahaok) Maneh…malidkeun pamajikan kami!

 

ODAH         : (ngorejat nangtung…olohok bengong) Hah…? Malidkeun…? Baruk malidkeun…?

 

DARMA       : Api-api siah…!

 

ODAH         : (gogodeg) Ya Alloh…Ya Robbi…. (tidogeng-dogeng) Baiiid….baid…! Kutan nyarangka teu puguh ieu teh…?

 

DARMA       : (morongos) Sirik maneh teh ka kami…!

 

ODAH         : Sirik…? Sirik pedah naon…?

 

DARMA       : Pedah teu tulus dikawin!

 

ODAH         : (seuri ngajebeng) Eueueueuh…kituuu…? Sirik…tuluy maehan nya kuring teh…? Ngababarikeun…! Maehan papatong gen can ngalaman kami mah!

 

KUWU         : (nepak meja) Ke heula…Odah! Enya maneh bareto kungsi babakalan jeung Darma?

 

ODAH         : (diuk deui) Muhun…Nanging teras dibolaykeun…

 

KUWU         : Dibolaykeun ku saha…?

 

ODAH         : Ku abdi…

 

KUWU         : Naha…?

 

ODAH         : (ngalieus) Teu naha-naha…Teu resep we…

 

KUWU         : (panasaran) Teu resep ku naon…?

 

ODAH         : (ngahuleng heula) Eta eu…aya bejana…pajar…ah, isin ketah…!

 

KUWU         : Pok-pok…tong isin-isin…! Aya beja naon…?

 

ODAH         : Eta…cenah…Darma teh…(ngajanggilek centil) Ah..alim. Pa Kuwu…isin

 

ICIH            : (nepak pingping Odah) Laaah…dipindingan teuing, Euceu…Pok-pok wae kadinyah…

 

LURAH        : (pipilueun) Pok kadinyah…tong era-era!

 

KUWU         : (malik ka Lurah) Cicing…Lurah…tong ngagokan!

 

LURAH        : (morongos ka Si Odah) Tuda hararese pisan…Si Odah mah!

 

ODAH         : (morongos ka Lurah) Ari era…kumaha…?

 

KUWU         : Tong era-era cekeng ge…tong era-era…! Pok kadinyah!

 

ODAH         : (ngacungkeun curuk) Sakitu cenah…Pa Kuwu!

 

KUWU         : (bengong) naon sakitu teh…?

 

ODAH         : Buntut…

 

KUWU         : (ngarenjag) Hah…? Buntut…? Buntut naon…?

 

ODAH         : (nunjuk ka Darma) Buntut…eta…?

 

KUWU         : Bun-tut sa-ha…? Buntut ieu…buntut Darma…?

 

LURAH jeung ICIH ngagikgik seuri bari nungkup sungut

 

DARMA       : (morongos) Ngomong naon…siah?

 

KUWU         : (nepak Darma) Ke heula…cicing…! Buntut Darma…maksud maneh teh…Odah..?

 

ODAH         : (unggeuk) Muhun….

 

KUWU         : (gogodeg) Ya Alloh…kakara ngadenge aya jelema buntutan…Manrh geus nenjo..?

 

ODAH         : Wartosna… Teu acan ninggal mah…

 

DARMA       : Kadeuleuna aing teh monyet…?

 

ODAH         : (morongos) Bejana…cekeng ge…bejana…!

 

LURAH        : Etaaaa…Darma…rumasa henteu…buntutan…?

DARMA       : (morongos) Lumrah ti mendi…jelema buntutan…!? Teu suka, deuleu…disaruakeun jeung…kunyuk!

 

LURAH jeung ICIH narungkup sungut nahan piseurieun

 

KUWU         : (ngareret ka Darma) Tong ambek atuh…Geus wae…teu rumasa mah…!

 

DARMA       : (ngorejat nangtung bari nepak meja..tuluy ngarampa beubeur) Dibuktikeun ge wani…meungpeung kasaksian ku sarerea…!

 

KUWU         : Eum…ari taeun teh…Tong di dieu…orat…!

 

DARMA       : (morongos ka Si Odah) Sebel tuda…!

 

KUWU         : (ngalieus miceun piseurieun tuluy malik ka Odah) Odah…! Cek saha pajar…pajar Darma buntutan…?

 

ODAH         : Aya wae nu nyarios…

 

KUWU         : Kumaha cenah…?

 

ODAH         : Uyuhan pokna teh…make daek ka Si Darma…. Beunghar ge si eta mah teu lumrah jeung batur…

 

DARMA       : (morongos) Ngomong naon siah…?

 

KUWU         : Cicing…Darma…! Teu lumrah kumaha senah…?

 

ODAH         : Tara ruang-riung teh…eraeun cenah…teu bisaeun diuk cara urang…kaganjel ku buntut…

 

DARMA       : (ngahaok) Hah…? Geus pok deui kana buntut…? Dewek mah…

 

KUWU         : (nepak ka Darma) Cicing…! Ceuk dewek cicing…ciciiing! Kumaha cenah tuluyna…., Odah?

 

ODAH         : (ngacungkeun curuk) Samulud sakieu cenah…sabuku curuk, manjanganana teh…

 

DARMA       : (ngahaok) Bohong, siah…! Bohonh…bohong….(ngorejat nangtung..ngalaan beubeur kawas nu rek morosotkeun calana)… Deuleu ku sia…buktikeun….

 

LURAH        : (nyampeurkeun ka Darma) Eum…nanaonan ieu teh…? Make tumbang-tembong…Masya Alloh…!

 

KUWU         : Heueuh…Darma…sing eling!

 

DARMA       : Sebel tuda…sebel…!

 

KUWU         : Na enya maneh tara ruang-riung jeung batur…?

 

DARMA       : Tara soteh…teu kaburu ku…

 

ICIH            : (ngajebeng) Balas ngangon kabogoh…balas ngalongokan randa…!

 

LURAH        : (morongos ka Icih) Ngajedog…Icih…gandeng…! Nambalang-nambalang wae…siah!

 

ICIH            : Sebel tuda…!

 

ODAH nungkup sungut nahan piseurieun

 

KUWU         : Cek saha…Odah…pajar Darma buntutan…?

 

ODAH         : Cek nu nyarios…sanggem abdi ge…

 

KUWU         : Heueuh saha…? Awewe…lalaki…?

 

ODAH         : Lalaki….

 

LURAH        : Eueueueuh…nu hayangeun ka maneh eta teh…Odah…sangkan maneh teu tulus ka Darma…!

 

KUWU         : Heueuh, bener…pitenah…moal salah… Nu matak tong sadenge-dengena… Ngalamot curuk waeh,,,batur untung urang buntung…!

 

ODAH         : (ngajebeng) Yeh…abdi onaman…mending ge teu tulus…Naon…Si Darsih ge geuning geus jendil mah…lur waeh…! (ngabalieur)

 

ICIH            : (nepak pingping Odah) Bener eta teh…Euceu…Abdi ge dipihukum taun-taun…seubeuh ku euleuh wungkul…Kasebutna lakian ka nu beunghar…buktina mah sangsara lahir-batin!

 

ODAH         : Da enya atuh, Nyai…Mending ayeuna…Dibawa hirup leutik ge ku jelema bener mah ngeunah hate…..

 

ICIH            : Jeung teuing nya…Ceu, teu lakian ka Ki Mandahong oge…

 

DARMA       : (nepak meja bari ngorejat nangtung) Naon…? Kadeuleuna aing teh…ratu kunyuk…?

 

ODAH jeung ICIH narungkup sungut bari tingcikikik

 

LURAH        : (morongos ka Odah jeung Icih) Dasar sungut awewe…teu beunang dikadalian…!

 

KUWU         : Odah…! Ngewa maneh teh ka Nyi Ijah…?

ODAH         : (siga nu heran) Ngewa pedah naon…?

 

KUWU         : Saheunteuna meureun…ka maru sasatna…

 

ODAH         : (ngajebeng) Yeh…teu panas teu peurih…!

 

KUWU         : (ngahuleng sakeudeung) Saha deui nu harita aya di Cigede…iwal ti maneh…?

 

ODAH         : Teu aya deui…da Nyi Icih tos wangsul ti payun…Ngan basa abdi rek wangsul…katingal Kang Emed keur meuntas ti palih ditu…

 

KUWU         : Tah geuning…Teang Si Emed… Kulisi!

 

KULISI INDIT

 

DARMA       : (ngareret ka Odah) kumaha…? Baruk Si Emed…?

 

ODAH         : (ngabalieur) nyao…!

 

DARMA       : Paingan…ari aya si bedul mah…!

 

KUWU         : (kaget) Kumaha…? Curiga maneh ka Si Emed…?

 

DARMA       : Sumuhun….

 

KUWU         : Naha…?

 

DARMA       : Si eta teh urut kabogoh pun bojo…sapruk-prukeun pisan kawin…

 

KUWU         : Handeueuleun atuh nya…asa karebut…?

 

DARMA       : Tangtos wae…da basa abdi kawin ge teu datang-datang acan…

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) meujeuhna…mangkaning sok loba bejana ari nu kaedanan teh…

 

DARMA       : Leres…leres…moal slah…ku si bedul…!

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) Heueuh…moal geseh deui…!

 

LURAH        : (gogodeg) Teu sangka ku Si Emed…nepi ka kitu…

 

ADEGAN 5

EMED asup diiringkeun ku Kulisi.

 

KUWU         : (kereng) Diuk…Emed…! Tah di dinya…! Ngeser maneh…Odah…!

 

EMED         : (rungah-ringeuh) Bade naon nyaur abdi…?

KUWU         : Enya maneh tadimeuntas…di Cigede…?

 

EMED         : (bengong) Sumuhun….

 

KUWU         : Tas ti mana…?

 

EMED         : Ti huma…

 

KUWU         : Neuleu Nyi Ijah…keur nyeuseuh…?

 

EMED         : Ninggal…

 

KUWU         : Disampeurkeun nya…ku maneh…?

 

EMED         : Henteu…

 

KUWU         : Wawuh lain…ka Nyi Ijah…?

 

EMED         : Wawuh…

 

KUWU         : Nyaho Nyi Ijah aya…nu mergasa…?

 

EMED         : Terang…Abdi ge keur mantuan neangan…

 

KUWU         : Kungsi babakalan maneh bareto jeung Nyi Ijah…?

 

EMED         : Muhun…

 

KUWU         : Maneh ngewa ka Darma…?

 

EMED         : Naha make ngewa…?

 

KUWU         : Pan ngarebut bebene maneh…!

 

EMED         : Ah…teu kasebat ngarebut…da ku abdi geus dibolaykeun..!

 

KUWU         : Dibolaykeun…? Naha…?

 

EMED         : Ah…teu sae dicarioskeun di dieu mah…

 

KUWU         : Tong asa-asa…Teu nyaho ieu perkara gede…?

 

EMED         : Perkara gede…? Pegat babakalan…perkara gede…?

 

KUWU         : (morongos) Lain eta…deuleu..! Maneh katuduh mergasa Nyi Ijah…!

 

EMED         : (ngorejat nangtung) Kumaha…? Abdi…abdi..katuduh…?

 

KUWU         : Heueuh…sahenteuna maneh tangtu panas neuleu bebene dikawin batur…

 

EMED         : Teu…! Teu panas teu peurih…! Geus dibolaykeun cekeng ge…geus dibolaykeun…!

 

KUWU         : Lain bogoh maneh teh ka Nyi Ijah…?

 

EMED         : Moal dipungkir ari bogohna mah…nu matak kungsi babakalan oge…!

 

KUWU         : Naha atuh make dibolaykeun…?

 

EMED         : Pan eta…cenah…eu…sok…lah…teu sae dicarioskeun di dieu mah…

 

KUWU         : (teu sabar) Pok-pok…tong asa-asa…!

 

EMED         : Duka leres henteuna mah…Pa Kuwu…wartosna cenah sok…

 

KUWU         : (beuki panasaran) Heueuh…pok-pok…sok kumaha…?

 

EMED         : Duka jijieunan…duka leres…pajarkeun teh cenah sok..ah…heurin ku letah…Pa Kuwu…

 

KUWU         : (ngagebrag meja) Pok-pok siah…! Hararese pisan…!

 

EMED         : Sok eta cenah…sok…ngorowot…

 

KUWU         : (beuki panasaran) Ngorowot naon…?

 

EMED         : Lah…Pa Kuwu mah…eta…eu…ngorowot…eta…

 

KUWU         : (teu sabar) Ngorowot naon…ngorowot naon…? Hararese pisan…!

 

EMED         : Isin tuda…Eta lah…nu palih pengker…

 

KUWU         : Punduk…?

 

EMED         : Sanes…

 

KUWU         : Tonggong…?

 

EMED         : Ka handap teras…!

 

KUWU         : Bujur…?

 

EMED         : Saeutik deui…Pa Kuwu…saeutik deui…!

 

KUWU         : (morongos) Saeutik deui-saeutik deui…! Ngahesekeun sebut ku maneh…!

 

EMED         : (ngabelehem) Eta…eu…bool lah!

 

LURAH        : Tah kitu…brol waeh…Teu sakara-kara geuning siah…!

 

ODAH jeung ICIH tingcikikik bari narungkup sungut

 

KUWU         : (olohok…bengong) Bo…ol…? Ngorowot bo…ol…?

 

EMED         : Sumuhun……

 

KUWU         : (gogodeg) Ngadenge teh…ajag asana…nu sok kokorowot ka lebah dinya mah, nya Lurah…!

 

LURAH        : Leres…ajag…Ari ieu…Masya Alloh…geulis-geulis…

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) Heueuh…keur geulis teh…kempot deuih pipina…lain?

 

LURAH        : Leres…Kumaha tea cenah…Emed…?

 

EMED         : Geura cenah…ceuk nu nyarios teh…ilikan kukuna ge paranjang…jeung sareukeut…

 

KUWU         : Ceuk saha…? Ceuk saha eta teh…Emed…?

 

EMED         : Cek…cek Si Unah…Unggal Jumaah Kaliwon cenah kituna teh…

 

KUWU         : Ke-ke-ke….ari Si Unah cek sha cenah…?

 

ICIH            : Ke heula…punten, Pa Kuwu…

 

LURAH        : Cicing siah, Icih…tong ngagokan…!

 

ICIH            : (morongos ka Lurah) Lain ngagokan…! Rek nyaritakeun dedengean…!

 

KUWU         : Pok-pok…heueuh…pok…!

 

ICIH            : Abdi ge nguping Si Unah nyarios kitu…Teras disidikeun…

 

KUWU         : Tah-tah-tah…kumaha cenah…?

 

ICIH            : Tong gagabah, Unah…cekeng teh…bisi teu sukaeun…Kumaha mun ngadakwa…?

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) Heueuh…bener…Kumaha tah dikitukeun teh…?

 

ICIH            : Reuwaseun…Pa Kuwu…Pok deui-pok deui nyebut kaduhung…

 

KUWU         : Terus…!?

 

ICIH            : Ari diguliksek…aya nu nitah cenag, diburuhan samping sareng pare dua gantang…

 

KUWU         : (ngagebeg) Hah…? Saha cenah…?

 

ICIH            : (nunjuk ka Darma) Tah eta…mangkelukna…!

 

Sarerea ngarenjag…Ngareret Ka Darma…Darma ngeluk kawas bueuk meunang mabuk.

 

KUWU         : (colohok) Hah…? Kumaha…? Manehna nu nitah nguar-nguar…manehna nu ngawin…!?

 

ICIH            : Pan ngarah leupas ti Kang Emed…kop ku manehna…!

 

EMED         : (ngorejat nangtung…nunjuk-rorek ka Darma) Kurang ajar siah…bangsat…! Mun nyaho ti bareto…dipepeg…dipodaran sia ku aing…!

 

KUWU         : Alon…Emed…sabar…Tong nurutkeun teuing napsu…!

 

EMED         : (ngagidir) Tuman…! Kudu dipodaran jelema kitu mah…!

 

LURAH        : Eum…mayit Nyi Ijah ge can kapanggih…Nanaonan make rek ditambah deui…!

 

KUWU         : Saha deui nu harita aya di Cigede…?

 

EMED         : Taya sasaha…(ngahuleng sakeudeung) Aya wae ketah Mardi mah…keur nguseup di girangeun panyeuseuhan…!

 

DARMA       : (ngagebeg) Mardi…? Si Mardi aya di dinya…?

 

EMED         : (teu nembal…ukur ngadelek ka Darma bangun sebeleun kabina-bina)

 

KUWU         : (ngareret ka Darma) Adi maneh tea, lain…eta teh?

 

DARMA       : Sumuhun…Kurang ajar…! Paingan atuh…!

 

KUWU         : Teang Si Mardi….Kulisi !

 

KULISI INDIT

DARMA       : (kekerot…leungeun meureup duanana) Kurang ajar…! Ti bareto si jurig teh hayangeun ngarebut pakaya dewek…!

 

KUWU         : (nyapangkeun leungeun kana taktak Darma) Ke heula…sabar…kumaha tea ieu teh…?

 

DARMA       : Titingal kolot…bagian manehna mah beak dipake roroyalan nepi kaburindil…Sirikeun pisan nenjo abdi beukah teh…Kabitaeun ku pakaya abdi…

KUWU         : Ke heula…Mun enya teh…naha make maehan Nyi Ijah…?

 

DARMA       : Pan nuju kakandungan…Abdi bakal gaduh anak…Jadi mun abdi paeh…pakaya abdi moal ragrag ka manehna…Maehan pun bojo teh…sangkan abdi teu tulus boga anak…

 

KUWU         : Mun maneh paeh…pakaya maneh tamplok ka manehna…? Kitu…?

 

DARMA       : Muhun…

 

KUWU         : (unggeuk-unggeukan) Heueuh…kaharti…kaharti… Jahat…tah jelema teh…!

 

LURAH        : (gogodeg) Teu sangka ku Si Mardi…nepi ka kitu…

 

ADEGAN 6

MARDI asup diiringkeun ku Kulisi

 

MARDI        : Aya naon nyusulan…? Tah geuning kaka…sing sabar…ka, sing sabar…

 

DARMA       : (morongos) Sabar-sabar cungur sia…! Puguh sia nu….

 

MARDI        : (ngagebeg-tibuburanjat) Haaar…naon kaka teh…?

 

DARMA       : (ngagebrag meja) Api-api siah…bangsat…!

 

KUWU         : Ke heula…Darma…sabar…Diuk…Mardi…tah di dinya.. ngeser maneh…Emed…!

 

MARDI        : (masih olohok) Ke…asa teu ngalarti ieu teh…

 

KUWU         : Ti mana maneh bieu teh…?

 

MARDI        : (masih olohok) Ti walungan…mantuan neangan aceuk…

 

KUWU         : Enya maneh kabita ku pakaya lanceuk maneh…nepi ka tega maehan…eu…maehan pamajikanana…?

 

MARDI        : (ngorejat nangtung tibuburanjat) Kumaha…? Baruk… pajar…!?

 

KUWU         : Katindih ku kari-kari…maneh katuding maehan Nyi Ijah…

 

MARDI        : (ngahaok) Maehan…? Ku-ring…ma-e-han…? Pajar karooh ku banda deungeun…? Kajeun teu nyatuuuuu…kajeun langlayeuseun…batan kudu ngarah ngarinah mah…Teu beukiii deuleu…,haram…moal mangpaat…!

LURAH        : Sabar…Mardi…alon…

 

MARDI        : Ngimpi ge diangir mandi…boro-boro jeung prakna maehan…! Sangeunahna wae tudang-tuding teh…!

 

DARMA       : (morongos) Api-api siah…! Marukan teu nyaho…sia ngintip-ngintip pakaya aing…!

 

MARDI        : (ti dogeng-dogeng) Haraaaam…deuleu…haram…! Teu kabita ku ladang basilat…! Nyahoooo…kami ge nyaho… Bisana kitu teh ladang licik jeung karinah…!

 

ICIH            : (nambalang) Enya…bener…! Lentah darat…! Nu nginjeum pare dua dacin…kudu pulang tilu dacin…! Duit dua rewu kudu jadi tilu rewu…! Jahat…jahat…!

 

LURAH        : (morongos) Gandeng siah…Icih…nambalang-nambalang wae…!

 

ICIH            : (ngajanggilek) Sebel tuda…!

 

ADEGAN 7

IJAH asup ti lawang tengah

 

IJAH           : Aya naon ieu teh cekcok-cekcok….?

 

Sarerea curinghak…ngorejat narangtung…olohok…pupunduran…

 

KUWU         : (kasima) Ke-ke-ke…Masya Alloh…boa etanana…Masya Alloh…boa ririwana…Kadeuleu…Lurah…?

 

LURAH        : Ka…katinggal…

 

KUWU         : (nyidik-nyidik) Heu…heueuh hideung santenna mah… Pipina kem…pot deuih… Beh dieu Lurah…sieun…sieun kumaonam…!

 

IJAH           : (nyikikik seuri) Hi…hi…hi…hi…!

 

DARMA       : (luncat ngarontok Darma) Ieueueueung…seuriiii…! Sieueueun…! Tanya…Lurah…tanyaaaaa…calangap wae…!

 

LURAH        : (ngahodhod kawas nu muriang) Punten…Nyai…bade… bade tumaros…. Dupiiii Nyai teh…ri…eueueu..ririwa…?

 

IJAH           : (olohok heran) Ri…ririwa…? Jelema saenya-enya disebut ririwa…?

 

DARMA       : (morosotkeun maneh tina tangkeupan Kuwu… nyampeurkeun asa-asa) Nya..nyai…! Enya eta teh Nyai?

 

IJAH           : (olohok) Haaar…na pangling ku naon atuh…?

DARMA       : (ngusapan tarang…heneng) Lain..lain palid… Nyai teh?

 

IJAH           : (beuki heran) Palid…? Saha nu palid…?

 

DARMA       : (gogodeg ngarenghap) Ari…ari Nyai tas…tas ti mana atuh…?

 

IJAH           : Ti Cikanyere….

 

KUWU         : (ngarenghap panjang..nyusutan kesang tina beuheung) Ke heula…Ya Alloh…diuk heula…Ijah…tah di dinya…!

 

Sarerea dariuk, Icih jeung Odah diukna pahempet…cileungna siga nu sieun keneh

 

IJAH           : (rarat-reret) Asa teu ngalarti…

 

KUWU         : (ngarenghap ngusapan dada) Cik pek nyarita…Aya naon Nyai ka Cikanyere teh…? Nu dilembur mah guyur nareangan…!

 

IJAH           : Nuju nyeuseuh…jol Si Ene…pun alo…tas ti pasar cenah… Bade meuntas pisan… ari bres teh kacugag   ku beling botol… mani calangap dampal sukuna… (ngabirigidig)… Iiiiyyy… mani gila ningal getih… Gancang ku abdi dipangku…raheutna dibeber ku lamak kenging nyoehkeun tina baju… Seuseuhan kakecretan getih…teu ditolih…regeyeng budak diais… dibawa meuntas…dianteurkeun ka imahna… Ripuh budak teh…seueur teuing kaluar getih… Rek buru-buru wangsul…melang sieun kumaonam…

 

Sarerea ngarenghap panjang…asa leupas kareuwas

 

KUWU         : Jalan ka mana bieu…?

 

IJAH           : Ka dinya wae ka…peupeuntasan…

 

KUWU         : Teu papanggih jeung sasaha…?

 

IJAH           : Henteu…Kakpuing wae nu recok mah palih hilir… sada nu keur marak…

 

KUWU         : (ngalieuk ka Kulisi) Kulisi…! Bejaan batur…haranjat kituh..geus aya…salamet…! Bari eta nu nitir sina eureun…hariwang…!

 

KULISI INDIT

 

DARMA       : (ngarenghap panjang) Alhamdulillah…lubar… Mangga bade marulih mah…

 

ICIH            : (morongos) lubar-lubar kuma urusanana….!?

DARMA       : (ngarenjag) Ari…ari kitu…?

 

ICIH            : (nepak pingping) Teu suka kami mah….dituding-tuding…!

 

ODAH         : (nepak Icih) Enya, Nyai…! Rek dakwa Euceu mah…!

 

ICIH            : (ngareret ka Odah bari unggeuk) Pan muhun…abdi..ge..

 

EMED         : (nepak pingping) Enya…bener…! Dapon heuay wae sungku-sangka teh…! Pitenah, deuleu, eta teh… Pitenah tea…leuwih jahat batan maehan…nyaho…! Kena-kena beunghar…deungeun-deungeun dianggap bangsat kabeh…!

 

KUWU         : (curinghak) Eum…naranaonan ieu teh…? Kakara ge longsong…geus der deui nyieun gara-gara…!

 

EMED         : (molotot ka Darma) Sebel tuda…! Mun embung diperkarakeun…kudu mere parurugi…!

 

ICIH            : (nambalang) Enya…bener…kudu mere parurugi…!

 

ODAH         : (morongos) Kami deuih…! Awas…mun henteu…!

 

KUWU jeung LURAH gogodeg

 

KUWU         : Ke-ke-ke…kumaha tea ieu teh…?

 

ICIH            : (nambalang) Mun kitu teu…teu suka…hayang dibere parurugi

 

KUWU         : (gogodeg) Kumaha tah, Darma…? Jadi buntutan geuning…?

 

DARMA       : (ngarenghap….teu nembal)

 

KUWU         : Mending didakwakeun atawa…mending mere parurugi…?

 

DARMA       : (ngaheruk teu kecet-kecet)

 

KUWU         : (nepak tak-tak Darma) Kumaha…? Mending kumaha…?

 

DARMA       : (ngarenjag) Sadaya-daya…..

 

KUWU         : Sadaya-daya kumaha….? Rek mere…moal…?

 

DARMA       : (tungkul ngaheruk) Teu langkung Pa Kuwu…Ngiringan..

 

KUWU         : Tah kitu…ti batan jadi perkara mah… Pok, Odah rek menta naon…?

 

ODAH         : Pare tilu kintal

 

DARMA       : (ngarenjag) Hah…? Naha loba-loba teuing…?

 

ODAH         : (morongos) Marukan lalawora dituding maehan teh…? Hayang didakwakeun…?

 

DARMA       : (ngarahuh) Kurang ajar…!

 

KUWU         : Maneh…Icih…?

 

ICIH            : Pare tilu kintal…papakean dua koper…!

 

DARMA       : (curinghak) Naha jeung papakean sagala…?

 

ICIH            : (morongos) Basa kawin…ti imah mawa dua koper… Basa pepegatan dirangsadan…balik ngaligincing…!

 

DARMA       : (ngahaok) Naon deui…? Hulu kami deui….?

 

ICIH            : (nyorongot) Teu butuh babatok monyet…!

 

Sarerea nungkup sungut nahan piseurieun

 

EMED         : Kuring mah menta munding wae sarakit…Nyeriii kuring teh nyeri… Direbut bebene ongkoh…dituding maehan ongkoh… Rek mere…moal…?

 

DARMA       : (ngahaok morongos) Arek…arek…arek…! Jor gubug jeung kandangna sakalian…!

 

MARDI        : Sakalian ngariung…kasaksian ku Pa Kuwu…kuring mah lain rek menta parurugi…ngan rek menta bagian titinggal kolot….

 

DARMA       : (morongos) Ngomong naon siah…?

 

MARDI        : Sawah nu di Cimandela…cek bapa jenatna…bagian kuring… Tapi ku kaka dikeukeuweuk bae… Rek dibikeun…moal…?

 

KUWU         : Kumaha…tah…Darma…?

 

DARMA       : (ngahaok) Jel-jel-jel… Podaran aing sakalian…! Tah deuleu…Ijah…gara-gara maneh luas-leos teu puguh… kami nepi ka jadi burindil…!

 

IJAH           : (nambalang) Gara-gara saha…? Gampang pisan ngepeskeun dosa teh…!

 

DARMA       : (ngahaok) Gara-gara maneh..! Gara-gara maneh…!

 

IJAH           : (ngalieuj ka Kuwu) Punten Pa Kuwu…nyuhunkeun disaksian…!

 

KUWU         : (ngagebeg) Aya naon deui, Nyai…?

 

IJAH           : Geus lami abdi dongkap ti Cikanyere eh…Sup ka dapur…nyampak di dieu hog-hag…dikupingkeun waeh…Terang ayeuna mah rusiahna…Horeng boga salaki teh jelema jahat… Kawin ka abdi teh beunang rerebut…beunang karinah….

 

LURAH        : tah-tah-tah…geus jol deui sigana pikiraneun teh…

 

IJAH           : (malik ka Darma) Saha nu sok ngorowot bool teh…? Kuring…? Geus sabaraha kali dikorowot ku kuring…?

 

DARMA       : (kulumas-kelemes tuluy ngaheruk)

 

IJAH           : (kekerot) Teu suka…deuleu…teu sudi…..!

 

ICIH            : (ceuleungeung) Nu matak ge euceu mah, Ijah…waaah… kajeun paeh jadi siit…batan lakian ka nu kitu mah…!

 

LURAH        : (morongos) Jep…Icih…!

 

ICIH            : (ngajanggilek) Sebel tuda….!

 

IJAH           : (tidogeng-dogeng) Serahkeueueun…pulangkeun ka indung bapa aing… Bareto ge daek soteh dipaksa…!

 

EMED         : (celengeu terus nangtung) Enya…Ijah…rek menta diserahkeun…?

 

LURAH        : (morongos) Cicing…Emed…! Haripeut pisan, siah…!

 

KUWU         : Tong waka luluasan, Nyai…mullah kajurung ku napsu..

 

IJAH           : Teu suka…teu sudi…! Serahkeun…serahkeun…!

 

DARMA       : (nangkeup sirah) Jor-jor-jor…rek kabur mah…! Kapalang burindil…!

 

LURAH        : (gogodeg) Teu sangka ku Darma…nepi ka kitu…..

 

LAYAR TUTUP