KANDAGA SENI DAN BUDAYA SUNDA

SASTRA SUNDA

 

 

 

KAKAWIHAN

 

Dina dongeng sok aya sabagian anu sok dikawihkeun, saperti dina dongeng "Budak Pahatu"

Salian dina dongeng, urang sok ngadenge kakawihan dina kaulinan, ieu contona:

       

    EUNDEUK - EUNDEUKAN

Eundeuk-eundeukan, Cangkuang,

Bale Bandung paseban, Parakanmuncang

Meunang peucang sahiji

Leupas deui ku nini

Beunang deui ku aki

 

UCANG ANGGE

Ucang-ucang angge

Mulung muncang ka papangge

Digogog ku anjing gede

Anjing gede nu Mang Lebe

Anjing leutik nu Ki Santri

Ari gog, gog cungungung

 

Kakawihan teh lain bae bari ulin, bari digawe oge osok. Upamana anu keur tunggu pare di sawah, keur ngawuluku boh keur ngagaru, osok ngawih. mundingna anu keur narik wuluku atawa garu teh bangun genaheun. Ieu salah sahiji conto kawih bari digawe:

 

MAGAWE

 

Ki panganten geura gugah

Bisi kasiangan nyawah

Bisi kaluputan nyambut

Ki Panganten geura gugah

 

luput, Luput, Arang, arang

 

 

MULANG KA ASAL

 

PAPARIKAN

 

Dina paparikan teh aya bagian cangkang jeung bagian eusi. ku ayana cangkang anu sorana nyindirkeun kana pieusieun, karasa ku nu ngadengena teh alus. Cangkang aya dina jajaran kahiji jeung kadua, ari euisna dina jajaran katilu jeung kaopat.

 

Conto paparikan:

Mawa peti dina sundung

Ditumpangan ku karanjang

pangarti teu beurat nanggung

Tapi mangpaatna panjang

 

                                                Lauk emas ngakan ganggeung

                                                Disamberan ku japati

                                                Boga emas moal langgeng

                                                Teu cara boga pangarti

 

WAWANGSALAN

 

Conto wawangsalan:

Teu beunang  dirangkong kolong (da Hayam)

Teu beunang dipikahayang

 

Dina wawangsalan teh aya: hiji sindir anu mangrupa cangkang dina jajaran kahiji, jeung wangsal anu teu disebut; Eusi dina jajaran kadua.

Patalina cangkang, wangsal jeung eusi, eta teh kieu; cangkang nyindirkeun barang atawa hal anu jadi wangsal, biasana ku nerangkeun golongan, tempat, guna, jeung sipatna eta barang. Ari wangsal nyindirkeun purwakanti tina kecap anu aya dina eusi.

 

Wawangslan teh dianggap wangun sastra anu alus. Di mana alusna teh? eta dina lebah nyindirkeunana, pangpangna dina kudu bisana nu ngadenge manggihan wangsal. Pikeun manggihkeun wangsal, urang kudu mikiran katerangan dina cangkang, jeung kudu neangan kecap anu loyog jeung eta katerangan, tur sorana murwakanti jeung kecap anu aya dina jajaran eusi.