DONGENG

Dongeng teh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Dina dongeng sok aya bagian anu pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongeng kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi sakapeung-kapeung osok diselang ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih. Dina prakna didongengkeun, wangun lancaran dicaritakeun, ari wangun ugeran sok dikawihkeun, saperti dina dongeng "Budak Pahatu".

 

Nu kacaritakeun ngalalakon dina dongng aya jalma, aya sasatoan, aya tutuwuhan, aya mahluk lemes, jeung sajabana. Aya ngawungkul, upamana jalma pada jalma, sato pada sato, aya campur, upamana jalma jeung sasatoan. Dina dongeng mah sasatoan, tutuwuhan, jeung anu sejen-sejenna teh osok direka bisa ngaralakon cara jalma. Upamana bae bisa nyarita jeung migawe pagawean kawas jalma.

 

Kajadian anu kacatur dina dongeng, lamun diukur ku akal mah, aya anu bisa katarima ku akal jeung aya deui anu dianggap pamohalan. Anu ngaralokana oge sok ngabogaan sifat anu teu lumrah, upamana bisa nerus bumi, bisa ngaleungit, jeung weduk. Dongeng nyebarna ku jalan dicaritakeun ku lisan, tatalepa ti hiji jalma ka anu lianna, saperti ti indung bapa ka anu jadi anak. Dongeng rea anu geus kahot umurna, teu kapaluruh iraha jeung saha anu ngarangna. Anu matak dongeng diasupkeun kana golongan kabinangkitan balarea. Dongeng anu tadina lisan teh ayeuna geus aya anu dituliskeun. Aya sababaraha golongan dongeng diantarana bae:

1. Nu nyaritakeun kahirupan jalma di masyarakat jeung dina sajarahna. Upamana dongeng para raja, paraputri, paranabi, parawali, tukang tani, tukang dagang jeung sajabana. Contona: Prabu Siliwangi, Kean santang, Seh Abdulnuhyi, Si Kabayan, Si Sabeulah, Ki Lamsijan jeung rea-rea deui

2. Nu nyaritakeun kahirupan sasatoan saperti kuya, monyet, peucang, tutut, maung, sero, munding, manuk, jeung sajabana. Contona: Kuya jeung Monyet, Peucang maling bonteng, Kidang jeung Ajag, Hiji dua tilu gajleng, jeung lian-liana deui.

3. Nu nyaritakeun asal-usulna kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongeng anu kieu disebutna dongeng sasakala. Contona: Sasakala maung Sancang, Asal Muasalna Oa jeung Aul, Sasakala gunung Tangkubanparahu, Mula Nagara Baduy.

4. Nu nyaritakeun mahluk ciciptan, bangsaning jurig jeung siluman. Dongeng nu kieu teh sok aya anu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian, saperti naon sababna pare di sawah beak ku beurit, naon sababna aya sasalad panyakit, jeung sajabana. Upamana dongeng; Kuntianak, Munjung, jeung dongeng ngeunaan tempat anu saranget.

 

KANDAGA SENI DAN BUDAYA SUNDASASTRA SUNDA

 

 

 

 

 

 

CARITA PONDOK

Carita pondok teh aya sasaruanana jeung dongeng. Boh dongeng, boh carita pondok pada-pada carita anu parondok.Ngan bae lamun dina dongeng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh, tegesna eusi carita teh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana, direka lir nu enya kajadian. Gelarna deuih anu beda teh. Dongeng mah umumna hasil sastra beh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongeng mah umumna ku lisan, ari carita pondok mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan dongeng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna oge sastra balarea. Ari carita pondok mah kanyahoan saha anu ngarangna, da sok dituliskeun. Buku-buku carita pondok diantarana:

Carita Biasa (1959) karangan RAF

Papacangan (1960) karangan Rusman Sutiasumarga

Hujan Munggaran (1960) karangan Ayat Rohaedi

Dongeng Enteng ti Pasantren (1961) karangan RAF

Neangan (1962) karangan Caraka

Jurig (1963) karangan Tini Kartini

Di luhureun jurit reumis (1965) karangan Yus Rusyana

Diwadalkeun ka Siluman (1965) karangan Ki Umbara

Jeung rea-rea deui

Para pangarang carita pondok lian ti anu geus kasebut di luhur loba keneh pisan, diantarana bae; Syarif Amin, MA Salmun, MO Kusman, Wahyu Wibisana, Prijatna Affyatin, Iskandarwassid, SA Hikmat, Dudu Prawiraatmaja, Ami Raksanagara, Karna Yudibrata, Saini KM, Min Resmana, Mhd. Rustandi Kartakusuma, Ningrum Djulaeha, Achmad Roestandi, Abdullah Mustappa, Aam Amilia, Usep romli, H.M. Eddy D Iskandar, taufik Fathurohman jeung rea-rea deui. Ayeuna oge masih terus marunculan pangarang anyar boh dina majalah atawa surat kabar.